Voorzitter toeloej ngembarkeun hidji-hidji djago noe geus kapilih. Noe aja di dinja meunang ngatoerkeun kabeuratan, anoe koe koemisi ditjatět dina proces-verbaal.
Harita keneh toeloej diembarkeun eusina proces-verbaal.
Eta proces-verbaal disimpěn koe Voorzitter.
Sanggeus ngembarkeun beubeunangan pilihan, Voorzitter harita keneh koedoe mereskeun kartjis-kartjis dipisahkeun anoe sah djeung anoe hĕnteu, toeloej saroepa-saroepa aiboengkoes sing apik, ditoetoep sarta ditjap lak.
Eta kartjis-kartjis, koedoe disimpěn koe Voorzitter mangka hade, salilana doedoek Raad, anoe lid-lidna diajakeun koe ieu pilihan, nja eta 4 tahoen.
Samangsa geus liwat waktoe noe kasĕboet bieu, eta kartjis-kartjis koe Voorzitter koedoe didoeroek, sarta didjieun proces-verbaalna.
Sakoer anoe kapilih tea, lat-latna sadjĕro 4 minggoe ti sanggeus manehna nampa serat pangbedjaan jen kapilih, koedoe oendjoekan ka Boepati, daek-henteuna manehna djadi lid Raad.
Sah-saha noe teù oendjoekan sangeus liwat waktoe noe kasĕboet di loehoer, bakal dianggap jen manehna nolak kana djadi lid.
Sadjěro 14 poë ti sanggeus Voorzitter di paparin tĕrang koe Boepati, jen salasahidji noe kapilih tea nolak, atawa ti sanggeus liwat tempona henteu oendjoekan ka Boepati, koemisi koedoe ngajakeun deui gantina lid.
Děmi pětana kieu:
Komisi nětěpkeun poë djeung waktoe anoe koedoe diĕmbarkeun ti awalna.
Dina waktoena, koemisi koedoe koempoel deui, toeloej moeka boengkoesan kartjis anoe sah tea, sarta dipilih kartjis-kartjis anoe aja kasěboet ngaran anoe nolak, sababna noe bakal digoenakeun ajeuna mah, ngan woengkoel kartjis eta bae.
Tidinja ieu kartjis-kartjis dientepkeun parelena noeroetkeun noměr bareto tea. Eta kartjis dibatjaan koe Voorzitter sarta ditjatět koe koemisi atoeranana tjara noe geus kadjalankeun, waktoe milih mimiti bae, ngan bedana, di dieu mah ngaran djago anoe nolak tea, teu meunang dibatja.
Sanggeus aja noe kapilih (soeara něpi kana kiesquotien) toeloej eta kartjis-kartjis noe sah dihidjikeun deui, diboengkoes sarta ditjap lak deui.
- 148 -