Pilihan noe kasĕboet di loehoer didjalankeun deui saban-saban aja anoe eureun tina lid-Regentschapsraad, nja eta soepaja bisa ngajakeun gagantina lid.
_____________
d. HAK PAKOEMPOELAN DJEUNG HAK KOEMPOELAN
Beuki gĕgĕr nagara, beuki palintĕr pangeusina, beuki loba kaperloeanana, beuki hese ngahajeukna. Baheula mah di oerang basa nagara tatjan sabaraha gĕgĕkna, djalmana tatian palintĕr tatjan loba pamentana djeung kahajangna, ngoeroesna oge hĕn teu hese, Pangagoeng teu koedoe dibantoe koe itoe koe ieu.
Tapi sanggeusna bangsa oerang madjoe, geus loba anoe sarakola, kaperloeanana nambahan nja kitoe deui karĕpna: ti harita mimiti karasa kaheseanana ngoeroes nagara djadi pĕrloe aja noe ngabantoe-bantoe teh. Koe sabab eta toeloej diajaan Gewestelijke Raad djeung Gemeente Raad. Ari Gewestelijke Raad nja eta pikeun ngoeroes kapěrloean gewest, sarta Gemeente Raad pikeun ngoeroes kapĕrloean gemeente (kota galĕde).
Sanggeusna aja eta doea raad tea beuki tetela bae jen kakawasaan nagara teh perioe dibagi-bagi malar gampang ngadjalankeunana. Nja kitoe deui rahajat beuki gĕde karĕpna kana miloe tjampoer ngoeroes nagara. Koe lantaran eta loba pisan pakoempoelan2 anoe diadĕgjkeun. maksoedna nja eta pikeun ngoeroes kapĕrloean djalma rea djeung niieun propaganda tina oeroesan nagara noeroetkeun kahajangna. Di ditoe-di dieu aja pakoempoelan ngajakeun koempoelan di mana2, geus teu meunang ditahan dihalang-halang deui.
Hak pakoempoelan.
Dina tahoen 1915 hak pakoempoelan diasoepkeun kana anggěr-anggěr Nagara, nja eta dina R. R. Pakoempoelan meunang diaděgkeun teu kalawan disahkeun heula koe Pangaggoeng. Tapi