Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/195

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Lamoen pakoempoelan hajang boga badan hak (rechtpersoon), pĕrloe disahoen koe Pangagoeng kalayan besluit. Pakoempoelan dagang sapĕrti naamlooze venootschap, oepama hajang kasĕngkĕr koe atoeran Wetboek van Koophandel diadĕgkeunana koe doe kalayan akte ti Kangdjĕng Toean Bĕsar.

 Pakoempoelan anoe dilarang (Stbl. 1919 No. 27) nja eta:

 1. pakoempoelan anoe ngarasiahkeun kaajaannana djeung maksoedna (sapĕrti sakabeh kongsi rasiah),

 2. pakoempoelan anoe koe Hooggerechtshof ditĕrangkan ngaroeksak kaamanan. Mislina pakoempoelan anoe maksoedna rek teu noeroet atawa ngalanggar cĕndang-oendang atawa verordening atawa rek ngalanggar atawa ngaroeksak kasopanan atawa rek ngahalang-halangi batoer, saha bae, ngajalankeun hakna.

 Oeni eta Staatsblad kitoe teh dikĕoetakeun koe artikel 169 Wetboek van Strafrecht. Dina eta artikel diantjam baris dihoekoem sing saha anoe tjampoet kana pakoempoelan anoe dilarang atawa kana pakoempoelan anoe maksoedna rek milampah kadjahatan atawa palanggaran. Pakoempoelan anoe geus meunang rechtpersoon tapi sangeus kitoe koe Hooggerechtshof ditĕrangkan ngalanggar kaamanan, lamoen leungit rechtpersoonna bae tapi djadi pakoempoelan anoe dilarang (art. 15 bis. Stbl. 1870 No. 64, patali djĕung Stbl. 1919 No. 27). Dina artikel eta kĕneh (artikel 169 Swb) dilarang:

 3. pakoempoelan anoe maksoedna milampah kadjahatan djeung palanggaran.

 Djalma anoe teu kaasoep rahajat Walanda djeung baroedak anoe oemoerna koerang ti 18 taoen (dilarang asoep pakoempoelan poelitik. Oerang asing noe matak teu moenang teh lantaran teu bogaeun hak ngoeroeskeun nagara oerang, ari baroedak anoe oemoerna koerang ti 18 taoen doemeli dianggap tatjan moedjoehna (artikel 2 Pirman Radja, Stbl. 1929 No. 27). Djadi noeroetkeun oenina ieu artikěl pakoempoelan padvinder djeung pakoempoelan baroedak noe sedjen teu moenang tjampoet kana oerosesan poelitik. Dina Staatsblad ieu kĕneh, nja eta dina artikel 7a diajaan larangan anoe njĕgah baroedak noe oemoerna koerang ti 18 taoen ngadengekeun koempoelan poelitik. Maksoedna eta larangan soepaja baroedak oleah keuna koe pangaroĕh anoe matak bahla, sabab baroedak mah tatjan bisa ngabedakeun noe hade djeung noe goreng teu tjara noe geus tjokoep oemoerna.

— 150 —