Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/196

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Hak koempoelan

 Pirman Radja, Stbl. 1929 No. 27 teh teu nĕrangkeun noe koemaha noe disĕboet koempoelan teh. Hak koempoelan beunang disĕboet hidji hak oerang pikeun moepakat atawa ngalakoekoen hidji hal, djadi pikeun nĕpikaun hidji maksoed babarĕngan. Ari atoeran ngoempoelkeanana mah koemaha bae, boh koe pada-pada djangdji boh koe ditjaloekan ti awalana. Anoe ngabogaan eta hak teh lain ngan pakoempoelan bae, tapi noe sedjen oge taja bedana.

 Dina artikel 3 Pirman Radja tea disĕboetkoen koempoelan pikeun moepakat tapi dina artikel sedjen-sedjen mah ngan disĕboet koempoelan bae, teu ditambahan omongan pikeun moepakat. Djadi beunang oge dihartian koempoelan pikeun ngalakoekoen hidji hal, sapĕrti koempoelan arek salat, diadjar sport, arek toenil, arek ngamoesik djeung sadjaba ti eta.

 Pasal 111 R. R. hĕnteu ngawĕngkoe oeroesan poelitik woengkoel. Ĕnja dirobahna patali djĕung oeroesan poelitik tea man, tapi ieu robahan teh hĕnteu ngalĕungitkeun sipatna anoe tadi.

 Artikel 111 R. R. teh teu ngabeda-bedakeun pakoempoelan naon atawa koempoelan naon. Djadi salat bardjama'ah oge asoep kana koempoelan, asal dilakoekoen dina tempat anoe ditoetoep, sabab ngalakoekoen agama dina tempat noe teu aja aling-alingna mah disĕngkĕrna koe artikěl 174 I. S.

 Sadjahana ti ngalakoekoen agama di těmpat noe teu aja aling-alingna tea aja deui koempoelan anoe diatoer dina artikěl sedjen, nja eta artikel 510 Swb. Di dinia disĕboetkeun jen ngajakoen raramean djĕung karasmenan di hareupeun djalma rea atawa arak-arakan, dihoekoem oepama teu menta idin heula.

    Ari koempoelan teh aja roepa-roepa, nja eta:
    1. koempoelan oemoem di loear
    2. koempoelan oemoem dina wawĕngonean
    3. koempoelan „ditoetoep”
    4. koempoelan pikeun diadjar mĕtakeun pakarang.

 Koempoelan oemoem nja eta anoe beunang didatangan sagala djalma bae anoe daek, boh make bajaran boh hĕnteu. Djadi lamoen koempoelan noe diajakeun koe pakoempoelan, kakara diadi oemoem (openbaar), lamoen beunang didatangan koe djalma anoe teu djadi ĕlid eta pakoempoelan, sanadjan hĕnteu sangadja di-ondang.

— 151 —