Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/199

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Koempoelan di loear, nja eta noe diajakeun di těmpat noe teu aja pangaling-alingna sarta teu disaongoen sapantesna.

 Lamoen rek ngajakeun koempoelan noe kasĕboet dina 1 djeung 4 koedoe njoeboenkeun idin ka kapala plaatselijk bestuur. Ari pikeun koempoelan noe kasĕboet dina 4 mah nadjan diajakeunana dina wawangoenan oge sapĕrti: di djĕro gĕdong bioskop, roemah makan, restaurant djeung sadjaba ti eta anoe biasana beunang didatangan koe sing diĕlema atawa didatangan djalma leuwih ti sapoeloeh oearang, koedoe meunang idin heula bae. Oepama eta panoehoen teh ditolak, meunang ditĕroeskoen ka kepala gewest. Tapi sabalikna kepala gewest wĕnang njaboet idinna anoe geus dipaparinkeun koe kepala plaatselijk bestuur. Noeroetkeun oenina artikel 10 anoe ngajakeun pakoempoelan noe kasĕboet dina 1 dĕjung 4 teh lamoen teu kalawan idin beunang dihoekoem.

 Ari pikeun ngajakeun koempoelan anoe kasĕboet dina 2 djeung 3 mah teu koedoe meunang idin heula. Tapi lamoen eta koempoelan teh patali djeung oeroesan poelitik koedoe oendjokeun heula ka bestuur jen rek ngajakeun eta koempoelan. Pikeun Tanah Djawa, djĕung Madoera saĕlat-ĕlatna pisapëoeun deui, di taĕnah peuntas, pidoea poĕoeun deui kana ajana koempoelan tea. Saha-saha anoe ngalanggar ieu atoeran (artikěl 5a) noeroetkeun oenina artikel 10 bisa dihoekoem.

 Pikeun ngajakeun koempoelan oemoem noe hĕnteu di loear sarta hĕnteu patali djeung poelitik, nja kitoe deui koempoelan „ditoetoep” lain nĕran teu koedoe njoeboenkeun idin bae, tapi oendjokean ka bestuur oge teu pĕrloe.

 Anoe disĕboet koempoelan „ditoetoep” teh nja eta koempoelan pikeun djalma ondangan bae, djadi djalma sedjen mah teu menang datang ka dinja.

 Noeroetkeun oenina atoeran dina artikěl 6, noelisi meunang datang kana koempoelan oemoem, sanadjan djalma noe datang ka dinja teh koedoe majar. Tĕni poelisi mah meunang datang ka dinja teu kalawan bajaran. Lamoen poelisi ditolak teu menang asoep, noeroetkeun oenina artikel 216 Swb tan wanoe meunang hoekoem pandjara panglilana opat boelan doea minggu atawa dĕngda panggĕdĕna gěnĕp ratoes roepia.

 Ari kana koempoelan ditoetoep mah poelisi oge teu meunang.

— 154 —