Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/200

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

asoep, kadjaba lamoen rek nangkĕp djalma anoe keur ngalakoekeun kadjahatan, atawa arek ngagaradjah.

 Dina koempoelan oemoem teu meunang aja djalma mawa pakarang, kadjaba bangsa militer ti pangkat sarsan ka loehoer djeung kapala Priboemi anoe noeroetkeun adat kabiasaanana make kĕris, sarta pagawe poelisi anoe peng datangna ka dinja teh kadjoeroeng koe kapĕrloean pagaweanana.

 Baroedak anoe oemoerana koerang ti 18 tahoen teh lain ngan teu meunang asoep ĕlid pakoempoelan poelitik bae (art. 2), tapi datang kana koempoelan poelitik oge teu meunang (art. 4). Koe lĕntaran eta noe ngajakoen atawa ngalapalan koempoelan atawa bestuur pakoempoelan teh koedoe ngajadiaga pisan soepaja oelah aja kadjadjian kitoe, sabab lamoen kadjadjian kitoe noeroetkoen oenina artikel 10 bisa dihoekoem.

 Dina koempoelan poelitik, poelisi wĕnang ngaloeoerkoen djalma kalawan paksa, lamoen eta djalma hĕnteu bisa nĕrangkeun kalawan sabĕnĕr-bĕnĕrna jen oemoerana geus tjoekoen 18 tahoen. Djaba ti eta poelisi kawasa ngaboebarkeun koempoelan poelitik, oepama tetela jen eta koempoelan nijoja-nijoja rek ngalanggar pasal 7 tea, atawa lamoen aja kariboean atawa kalakoekan noe di dinja ngalanggar atoeran dina Pirman Radja anoe kasĕboet tadi di loehoer. Dina ieu atoeran (artikěl 9) disĕboetkeun „oengral-oengral koempoelan”, djadi teu dibedakeun koempoelan oemoem atawa koempoelan „ditĕoetoe”. Diadi noelisi lain bae meunang datang ka sagala koempoelan oemoem tani koedoe diidinan asoep kana koempoelan anoe kasĕboet dina artikěl 7a d eungka koempoelan pikeun diadjar mĕtakeun pakarang. Sanadjan ieu koempoelan teh ditoetoep pikeun diělěma loba, nja eta pikeun noeriksa naha dina koempoelan hĕnteu aja djalma anoe teu atjan tioekoep oemoer atawa naha anoe datang hĕnteu leuwih ti 18 djalma. Lamoen ĕnja kitoe kaadjaanana eta koempoelan teh beunang dihoebarkeun.

 Dina kaadjaanan anoe biasa hak koempoelan teh kalawan bisloet Kangdjĕng Toean Bĕsar sok diwatěs-wĕnangan pikeun swarfara vroktoe lilana, kitoe oge lamoen katimbang pĕrloe pikeun keamanan (art. 8a djeung 8b).

 Lamoen hak koempoelan geus diwatěs-wangěnan, oenggal-oenggal rek ngajakoen koempoelan oemoem sanadjan hĕnteu di loear koedoe bae njoehoenkeun idin heula ka bestuur. Nja kitoe doei.

— 155 —