Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/201

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

lamoen rek ngajakeun koempoelan „ditoetoen” di témpat noe biasa didatangan djalma rea, koedoe bae meunang idin heula.

Pikeun ngajakeun koempoelan noe sedjen-sedjen noe ditoetoep, nja eta koempoelan noe diajakeun di témpat anoe teu biasa didatangan djalmana, teu koedoe njoehoenkeun idin. Ngan sakoerang-koerangna pilima, poëeun deui koedoe oendjoekan ka bestuur, jen aja maksoed rek ngajakeun koempoelan. Bestuur meunang ngalarang eta keempoelan, sarta lamoen geus prak meunang diboebarkeun koe poelisi, lamoen aja kadjadian anoe kaloear tina watěs.

Djeungna devi lamoen hak koempoelan geus diwatěs-wangěnan. poelisi meunang ascep kana sagala koempoelan ditoetoep, djalma² teu meunang aja noe mawa pakarang djeung teu meunang aja baroedak noe oemoerna koerang ti 18 tahoen deui, nadjan dina koempoelan naon bae oge.

Dina artikěl 2 Pirman Radja dilarang diadjar tina kasaktian mětakeun pakarang di těmpat anoe biasa didatangan djalma rea atawa lamoen eta koempoelan teh didatangan djalma leuwih ti 10 oerang, kadjaba lamoen geus meunang idin. Dina waktoe hak koempoelan diwatěs-wangěnan mah sanadjan eta koempoelan teh diajakeun dina těmpat noe teu biasa didatangan djalma Joba oge djeung teu didatangan djalma leuwih ti 10 oerang, sakoerang-koerangna pilima poëun deui kana ajana koempoelan teh koedoe hae oendjoekan heula ka bestuur jen aja maksoed kitoe, diadi teu beda djeung koempoelan „ditoetoep” noe sedjen-sedjen. Djeunona deui Pamarentah kawasa ngalarang koempoelan noe saroepa kitoe.

Lamoen koempoelan ngalanggar anggěr-anggěr anoe kasěboet dina bisloeit Goepérnemen anoe njangka hak koempoelan tea, poelisi kawasa pikeun ngaboebarkeun eta koempoelan.

Dina koempoelan koedoe disadiakeun těmpat anoe pantěs pikeun ambtenaar anoe diadi wakil Pamarentah. Nasehatna koedoe digoeroe: lamoen hěnteu, eta ambtenaar kawesa pikeun ngaboebarkeun eta koempoelan. Diadi anoe djadi pamimnin eta koempoelan nja kitoe deui anoe biantara, koedoe njěgah pisan soenaia dina omonganana oelah aja kětjap² anoe ngalanggar tjetiěgah atawa kaamanan di djěro eta koempoelan. Noe dijadi pamimpin

koedoe ngadjaga pisan soepaja oelah aja noo ngahina Pangagoeng atawa amhtenaar. Koe sabab eta koedoena pisan mah samemeh koempoelan dimimitian teh, noe djadi pamimpin koedoe

— 156 —