mere nasehat heula. Noe biantara, noe teu noeroet nasehat poelisi, meunang dilarang koe poelisi nĕroeskeun biantarana atawa dikaloearkeun tina eta koempoeian. Lamoen anoe seajen-seajen iniioe. tjampoer nĕpi ka kadjadian riboet atawa garĕloet, eta koempoelan koe poelisi meunang diboebarkeun.
Dina koempoeian „ditoetoep” anoe biantara omonganana teu meunang noeujoel ka noe di loear, sabab lamoen kitoe eta koempoelan teh saroea oae djeung koempoeian di loear, anoe ngan meunang diajakeun sanggeus meunang idin.
Poelisi aja hak pikeun ngagaradah samemeh asoep kana tĕmpav koempoeian pikeun netelakeun marawa pakarang-hĕnteuna:
Noeroetkeun oenina artikĕi 5a dina eta Pirman Radja, lamoen rek diajakeun koempoelan oemoem tina perkara poelitik koedoe oendjoekan heula ka bestuur. Dina soeratna koedoe ditĕrangkeun di mana tĕmpatna eta koempoelan teh djeung poekoel sabaraha ngamimitianana. Lamoen anoe djadi paimimpin hĕnteu datang dina waktoena djeung poelisi ngira jen bakal aja koempoelan, poelisi boga hak mere nasehat; lamoen nasehatna tea teu digoe^oo, pceiisi meunang ngaboebarkeun djalma anoe geus karoempoel
Djadi noeroetkeun oenina atoeran dina Stbl. 1919 No. 27 teu aja halanganana rahajat nembongkeun pikiranana, kritikna djeung angĕn-angĕnna, asal kalawan djalan noe hade sarta pantĕs bae.
e. PADJĔG PANGASILAN
Demi atoeranana ngitoeng padjĕg pangasilan, noeroetkeun artikel 18 kieu:
Lamoen djoemblahna pangasilan beresih dina satahoen koerang tina f 120.—, eta hĕnteu dikeunaan padjĕg.
Oepama pangasilan bĕrĕsihna djedjĕg f 120.— atawa leuwih, diitoengna kieu : f 120.— népi ka saliadapeun f 1800, i 1.20 diwoewoehan 20 sen oenggal f 10.— tjamplêng, saloehoereun f 120.—
f 1800 nĕpi ka sahandapeun f 3600, f 34.80 diwoewoehan f 3.— oenggal f 100.— tjamplĕng, saloehoereun f 1800.—