Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/209

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

MANGLE

AMĔNGAN KA GOENOENG TALAGABODAS.

karangan

ĔMOD WIRA ATMADJA, GAROET.

Dangdanggoela.

  1. Soemiliwir angin ngadalingding, mĕrtawiskeun halodo waktosna, tĕras ka wetan ngareret, tjahaja soerja ngĕmpoer, kawas emas anjar sinangling, matak ngahoedang mamah, soemirat soemawoer, sĕmoe beureum ririakan djiga pisan koewoeng-koewoeng arek bidjil, tjiri pohatji siram.
  2. Di lemboer mah masih rame ni tir, bedoeg kaoem masih ngadoerdoeran, ngabedjaan mahloek kabeh, djeung sora ngadingdioet, manahoreng di kaoem nagri, bilal eukeur tarhiman, sorana halimpoe, sarta lagoena teh sikah, matak kĕlar ngahoe­dang soekingkin pikir, waas rasa nalangsa.
  3. Manoek-manoek sami soeka ati, disarada retjet sĕmoe boengah, ngabageakeun srangenge, noe nĕmbe pisan moentjoel, tajoh moedji noehoen ka Goesti, Allah anoe kawasa, diparinan tĕpoeng, tepang deui sarĕng beurang, sarta lenglang tjaang taja aling-aling, wantoe sae dintĕnna.
  4. Tjai iboen herang tingkarĕtip, mararoentang dina djoedjoekoetan, djoekoet ngemploh hedjo lembok, kasamoer ti beh kidoel, rame sora hajam kikiplik, kongkrongok patembalan, aja poetri dioek, lingkoeng lemboer sabangsana, matak kĕlar pikir anoe rek arindit, oelin ka pagoenoengan.
  5. Poekoel gĕnĕp kirang toedjoeh mĕnit, koering sarĕng batoer doea bĕlas, mios ngantoenkeun rorompok, di pajoen geus ngabagoeg, doea mobil Hudson toedjoeh zit, tjoet-tjat sadaja toempak,seot mobil njĕmproeng, ngaboedjĕng ka Wanaradja, poekoel gĕnĕp langkoeng sawatara mĕnit, mobil parantos dongkap.
  6. — 162 —