Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/210

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Těras liren pajoeneun masigit, koering sareng batoer sadajana, nja teras taroeroen bae, moebil mah Keur wangsoel, reh djalanna nandjak toer alit, atoeh koering ngadadak, njiar eukeur batoer, poerah mawa běběkělan, reh maksad ge hajang něda ni’mat njan, ngahegar-hegar manah.
  2. Kalěrěsan pibatoereun kenging, doea djalma toer darěděg pisan, malahan geus těrang oge, margi sěring ka goenoeng, ngiring-ngiring anoe rek „picnic", ka goenoeng Tlagabodas, koering sareng batoer, awit nilar wanaradja, madjoe ngetan toeroet-toeroet djalan alit, sapoengkoereun sakola.
  3. Hěnteu pětot mendakan karěsmi, sadjadjalan waas titingalan, djalan rondaan molongpong, tiis lindoeh toer ioeh, kananken kai ngabaris, soeren ngioehan djalan, galěde djarangkoeng, ngabaris djadjaranana, kenging ngatoer toer anoe ngatoerna radjin, radjinna noe marentah.
  4. Hènteu lami parantos narěpi, ka tonggoheun desa Sindangraaja, nelah kampoeng Tegalgede, rêg liren sareng batoer, ret ningalan ka těbeh pasir, kelar patjampoer boengah, ningal goenoeng-goenoeng, matak tébih panineungeun, pasir-lamping Katingal loeis boelistir, taja aling-alingna.
  5. Matak waas patjampoer djeung sedih, pasir-lamping djiga narernoongan, oemambon hajang ditaros, roepina sěmoe měsoem, reh katoetoep koe mega poetih, horeng halimoen tea, ti boemi mělědoeg, djiga anoe ngadoeroekan, kantoen liwoeng baloewěng lalěwang pikir, mikiran lalampahan.
  6. Kakaian aroesik koe angin, braj halimoen mentjar paboerisat, kasilir angin ti koelon, poetjoek kaso ngaratjoeng, tingaroelang katěbak angin, djiga noe ngagoepajan, dibarěngan imoet, mileuleujankeun noe angkat, angkat njatjat, njatjat mipir-mipir pasir, di tégal saliara.
  7. Kai goenoeng anoe katingali, djati, hěras, djeungdjing, rasamala, sanintěn sareng kanjere, sarta djaba ti kitoe, roepi-roepi namina kai, anoe koering teu těrang, djarangkoeng laloehoer, dahanna pating rangkadak, djaranggotan ngaroembaj antěl ka boemi, geus poegoeh kiara mah.

- 163 -