Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/211

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Di loehoerna pinoeh koe soerili, loetoeng monjet pating garoentajang, laioentjat paboro-boro, kasawoer sora manoek, toeloengtoempoek sorana tarik, kaaantja manoek oentjal, djeung sora sitgoenggoeng, woewoeh nambihan kagagas, eukeur tjombrek tiis kasilir koe angin, ret ningal ka beh lĕbak.
  2. Lapat-lapat tĕbih katingali, boetbat pagĕr hoema pakĕbonan, kĕbon hoei kĕbon bako, katjang djagong djeung soeoek, bawang beureum hoei koemeli, bawang sop sarta lobak, engkol tingparentoel, rajap djalma noe keur ngala, ngali hoei bangoen noe saroeka ati, reh oentoeng beubeunangan.
  3. Panon mĕntjrong hemĕng djĕro ati, ningal sakoer kabeungharan alam, ret ningal ka tĕbeh koelon, ja Allah Goesti ampoen, raraosan asa keur ngimpi, waas ningalian sawah, pare keur tjĕletoe, sapalih keur barareukah, boetbat djalan djarĕgdjĕg tangkal kibeusi, djoear sapanajang djalan.
  4. Komo tebeh kaler katingali, djalan bĕsar ngembat djegna gambar, horeng lĕrĕsan Tjitameng, toeh itoe tebeh ditoe, djalan sĕpoer ngĕndat katawis, itoe goenoeng Haroeman, kalereun Tjibatoe, bangoen deudeuh mikaheman, sasak beusi lĕbah Nagreg katingali, Leles katingal njatjas.
  5. Beh kidoelna tĕrang katingali, djiga koelit moending keur diwidang, moeng ieu mail langkoeng gĕde, horeng eta teh sitoe, sitoe Garoet nĕlah Bagĕndit, diiingkoeng pasawahan, soekoe Goenoeng Goentoer, katingal hideung batoena, oeroet goentoer ngoeroegan dajeuh bihari, Timbangantĕn noe moesna.
  6. Ngidoel deui katingal ngadingding, manahoreng Goenoeng Papandajan, tĕmpat kawahna katembong, haseupna moemboel ngapoeng, ngabelĕgbĕg nandjeur ka langit, djiga pandaj keur neupa, beh lĕbak Malajoe, lebah Hotel Panorama, njatjas bodas gĕdongna etjes katawis, toeh itoe katja-katja.
  7. Hĕnteu tĕbih beh katingal deui, aja goenoeng katĕlah Tjikoeraj, neros ka loehoerna montjlot, tjitjiren dajeuh Garoet, pangiroetan ka noe teu soemping, tĕbeh lamping katingal, kontrak kina mashoer, anoe katĕlah Waspada, tilas kebon Toean Holle noe soewargi, pĕrsasat noe mabakan.

- 164 -