Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/212

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Kantoen hate bingoeng ningal pasir, loba goenoeng leutik sarta handap, tĕngrah sawah tingarĕntjlo, horeng lĕrĕsan Moendjoel, madjoe ngaler beh Gandasari, gandana anoe ilang. moeng sari noe kantoen, tembong daoen kalapana, tingàroelang oesik katĕbak koe angin dajeuh nagri Limbangan.
  2. Ngan noe tembong ti goenoeng katawis, kakaian di djĕro nagara. tingroenggoenoek tingraronjok, moetoeh matak kajoengjoen, njoeat hate anoe prihatin, tjatjak kirang-kirang mah, nahan hate woejoeng, komo ras ka noe ditilar, anak rabi noe kantoen di Garoet nagri, tangtos kamĕmĕlangan.

Sinom

  1. Koering moenggah ngadjongdjongan, batoer ge nja kitoe deui, ngahoeleng henteu njarita, nangkeup toeoer sisi dĕmpling, barina mikir-mikir, titingalan noe araloes, beh lĕbak lapat-lapat, doea djalma katingali, sanggeus deukeut rongheap noe nanggoeng minjak.
  2. Ditania toeloej nembalan, ngakoe lemboer ti Tjiawi, ajeuna maksad rek moelang, reh dagang ĕnggeus lastari, minjak taja noe kari, tjohagna sadaja lakoe, atoeh koering teh boengah, batoer ge nja kitoe deui, rehing tambah pibatoereun doea djalma.
  3. Ti dinja bral deui mangkat, batoer taja anoe kari, boengah di sapandjang djalan, ngadongeng tĕmbang djeung ngawih, sapalih soeka seuri, aja noe djoged noe djibroet. aja noe dadangsaan, niron-niron leumpang Tjaplin, toekang minjak seuri moenggah pipingkalan.
  4. Estoe teu aja kaera. alah batan boedak leutik. teu ingĕt koe kakolotan, moeng eta teh hidji tawis, tawis jen bingah ati, reh ngalamoen ti kapoengkoer. hojong oelin ngadjadjah, ka tempat anoe raresmi, nja ajeuna roepina rek tinĕkanan.
  5. Djalan nandjak teu karasa, katoengkoel koe soeka seuri, wararaas titingalan. henteu kantos, lami deui, koering parantos doegi, ka kampoeng Panandak goenoeng, horeng lemboer Panandak, lain lemboer leutik-leutik, lemboer njingkoer imah-imahna ratoesan. .

— 165 —