Ieu kaca geus divalidasi
- Majakpak satoengtoeng tingal, ngan imahna lain deui, modelna bentĕn dieting oerang. soehoenanana teh tjĕntik. rek djiea tandoek moending, gagadjahan model boehoen, ari hateupna kiraj atawa indjoek djeung eurih, sieup pantĕs djiga imah model Padang.
- Ngan ata anoe anehna, tjatoer djalmî noe wawarti, moeng doeka leres-hentenna, di Papandak mah teu kenging lamoen lain poelisi. ditjalana iket, badjoe, anoe hideung roepina, sareng noe saroepi deui, lĕbĕt kana larangan noe bangĕt pisan.
- Panganggo redjeng batikna, ageung-alit oge sami, oepami aja noe maksa, diiket atawa samping, karembong kitoe deui, tjalana oge kakoeroeng, tjĕnah ĕngke peutingna, dongkap maoeng geus pinasti, doepi pangna hal eta dilarang keras.
- Tiatoer galoering tjarita, keur waktos diaman bihari, keur djoemĕnĕng Kiansantang, di dinja aja noe moekim, ngaranna kirang sidik, moeng ĕmbah Djaksa noe njĕboet malah aja makamna. ti Papandak hĕnteu tĕbih, osok radjeun diparoendjoeng pada moedja.
- Roepi redjeng hideung tea. anggoanana pribadi. kadoea sareng garwana, saoepami aja djalmi, noe maksa njobi-njobi, manahna Ĕmbah teh bĕndoe, asa disaroeaan, koe djalma anoe laleutik, anoe henteu samartabat djeung andjeunna.
- Malah panganggona tea, roepi hideung rereng alit, pĕdang toembak djeung wangkingan, sarĕng sanes roepi deui, anjeuna oge masih, aja di pakoentjen matoeh, diome djeung diriksa, dina samoeloed sakali, sok diboeka dipoë dibĕrĕsihan.
- Namoeng kalintang handjakal, wireh waktosna saeutik, sok inggis kaboedjĕng panas, woewoeh maksad masih tĕbih, henteu tiasa jakin ngaboektikeun tjatoer batoer, nĕpangan ka koentjenna, ningal koe panon pribadi, roepi barang anggoan djalma baheula.
- Ladjoe lampah madjoe ngetan, ngaleut diiring pangiring, riab baroedak laloempat, aja noe sieun noe wani, noe sieun ting
— 166 —