Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/216

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

blribit, loempat ka tĕmpat noe singkoer, sieun loba 'djĕlĕma, disetelan make poetis, disangkana werĕk toekang maok boedak.

14. Sapalih mah ngadeukeutan, radjĕg dina sisi dĕmpling, djoeldjol ti tĕmpat noe anggang, ngahadja melong ka koering, mĕlong pating poeringis,. loba boedak salanggoetoer, teu badjoe teu tjalana, ngan make doedoekoej leutik, tapi gagah njaroren bĕdog malagrang.

15. Horeng eta bararoedak, bakoe toekang ngangon moending, ma'loem mĕnggah di kampoeng mah, nadjan oemoerna tjan mandjing, radjeun dipĕrih-pati, kadjoeroeng koe pangaboetoeh, nalang-nalang kolotna, sĕlang-sĕlang ngangon moending, ngala soeloeh eukeur djoealeun ka pasar.

16. Batoer koering noe bangor mah, ningal boedak dina dĕmpling, toeloej pada ngaheureujan, koe pĕntja renjoh djeung djĕbi, atoeh pating biribit, boerbĕr noe ngaler noe ngidoel, sieun maroekan ĕnja, tjoelik noe sok meuntjit djalmi. sanggeus birat gĕr kabeh saleuseurian.

17. Moeng kitoe sapandjang djalan, teu kĕndat boengah djeung seuri, geus nĕpi ka anoe nĕgrak, tĕbeh lĕbak katingali, imah bangsa noe tadi, katingalna djiga njoesoen, tĕpoeng soehoenanana, horeng lemboer gĕde leuwih, noe katĕlah nja lemboer Tjitjapar tea.

18. Djarĕgdjĕg tangkal kalapa, kĕbon kawoeng tĕgal eurih, pasĕlang djeung kebon danas, sĕsela dapoeran awi, daoenna tin"kiliwir, katĕbak angin ti kidoel, njĕlĕpsĕp karaosna, tiis njĕrĕp ka djasmani, karĕsmian ngoempoel sarĕng lĕlĕmboetan.

19. Boeboelak lĕga majakpak, pinoeh koe djoekoet laleutik, djoekoet rapĕt djeung dongdoman. pasĕlang djeung sadagori, handapeun nagasari, hoenjoer leutik tingdjaroemploek, pinoeh koe memĕniran pasĕlang antanan leutik, djoekoet-rioet ngajang kana saliara.

20. Waas mah ngadenge boedak, noe eukeur ngarangon moen­ding, tamba keueung toeloej tembane. harina taroempak moending,

— 169 —