toer angin ngadalingding, njeuleuweung lagoena Poetjoeng, sawareh baroedak mah, nararaek kana kai, ngawih bari ngala djamboe noe arasak.
21. Dongkap ka lĕbah moemoenggang, katĕlahna Pasirândjing, waas titingalan ploengplang, tjaang taja aling-aling, ret ka toekang ngalingling, waas djalan mipir goenoeng, sakoer noe geus kasorang, angin leutik ngadalingding, neumbag kana dapoeran awi tamiang.
22. Loba lĕmboer noe kasorang, geus mimiti mipir lamping, njorang tĕgal saiiara, boeboelak mandjah djeung eurih, leumpang pairing-iring, ngaleut ngeungkeuj rek ka goenoeng, ripoeh loba dongdoman, nararapĕl kana poetis, djaba tangkal harendong ngahalang djalan.
23. Leumpang hënteu pati djigrah, ngaraoskeun ripoeh leuwih, sabab djalan beuki nandjak, tambah hawatos ka istri, reh aja noe sarimbit, hojong tĕrangeun di goenoeng, sareng hidji wargina, istri masih keneh moerid, di H. I. S. sakolana tatjan tamat.
24. Kawoewoeh disingsieunan, koe doea dialma pangning, tjenah komo di pajoen mah, aja anoe nandjak leuwih, taridjakan noe ngadingding, ngaran si Baeuild kamashoer. nadjan noe geus biasa, Ieumpang toeroet-toeroet pasir, di dinja mah tinangtos bakal ngahegak.
25. Toeroeg-toeroeg dihaminan, koe doea perang Tjiawi, toekang dagang minjak tea, tapina moenggoehing koering, sanadjan pikir risi, tapi' keukeuh ngadjak batoer, lantaran sangĕt maksad, oelah kawaranan teuing, sarta oelah djaoeh-djaoeh pandjang-gagang.
Asmarandana
1. Seueur batoer noe mo^ringis, sabab tjape djeung hoream, malah aja noe boboleh, keukeuh ngadjak deui moelang, tina henteu oentoepan, inggris tĕngah djalan nambroe, njoesahkeun ka sararea.
— 170 —