2. Kapaksa koering pok deui, ngahatean babatoeran, anoe sami eoesmeer. diboeboengah dilĕlĕdiar, soepaja manah djanglar, sangkan daraekeun ladjoe, nareroeskeun lalampahan.
3. Kapaksa těras arindit, dialan sîsi pileuweunsran. tĕgal eurih roeioek kaso, pasĕlane diarong dieung mandjah. di tĕngahna boeboelak, tingroenggoenoek tangkal pakoe, matak karareueung pisan.
4. Woewoeh seueur noe kakoeping sora manoek disarada, gandeng koe tonggeret banen, reang dina tatangkalan, ditembal koe kadantja, tikoekoer pating arĕnggoek, tjangehgar balĕger pisan.
5. Paos pikir maras-miris. sieun itoe sieun eta, hate henteu wěleh kěder. inggis bisi koema’ onam, reh noeroet tiarita mah, mandiah teh karesĕp mnoeng. enggon sato noe garalak.
6. Madioe deui randeg deui, teu pĕtot eureun-eureunan. bnkoena bpwanin'g tiape, leurpnang moenggah roemangirasai. bari sili poentangan, lamoen nandiak sili soeroeng, moen noedoen pakĕnjang-kenjang.
7. Asa abong-abong teuing, ngoensi tĕmpat kawaasan. dibelaan paeh noso. soekoe irah moenggah paranas, awak asa pasiksak. badioe mah moenggah tjaliproek, koe kesang saloear awak.
8. Ras emoet diaman bîhari. lampah Sri Ratara Rama, angkat toeroet leuweung ganggong. sarëng rai 'Den Lasmana, milari Dewî Sinta, noe dipaling boeta dioe, Rahwana Radia Alengka.
9. Henteu kantos lami deui, darongkap ka Pangentiongan, rĕg handaneun kai ngaso. di lěbak aia pantioeran. tiaina herang pisan, sapalih batoer maroeroe, saribeungeut ngoembah sirah.
10. Di hilîrna koeîah aîlt. dinĕlakan laoek emas. lapek tawes dîeug goerame. saladah marontok pisan. ngembat pager sajoeran,wortěl bit ĕngkol parĕntoel. kĕmir. terong bawang katjang.
11. Reh tonggohna boemi alit. aloes heres mapantĕsna, papaesna korsi hoë, nianghareupan boeboendĕran, pinoeh koe kĕmbang kertas, atanapi oranjebloem, keur sedĕng seueur kĕmbangna.