Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/219

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

12. Kembang tonekeng dieung malati, sĕdĕp malĕm ros ermawar, pasĕlansr dieunrr kĕrrbanar goelo, katiapiring kĕmbang gojang, di tĕngahna dalia, sisi balong kĕmbang bakoeng, kaf nanga tjampaka bodas.

13. Beh lĕbakna aja pisir, katingal tina pantjoeran, ngemploh dikĕbonan ĕnteh, rajap anoe maretikan. barina tatandakan, sapalih njoenjoehoen poetjoek, diwadahan koe tjarangka.

14. Bati kelar djëro pikir, ningal kĕbon kĕkĕmbangan, toer ditĕngah Ieuweung gantfgong, komo batoer noe istri mah, kagetna teh pohara, gawena teh ngan toetoendjoek, kabitaeun hajang kĕmbang.

15. Toeloej koering nanja aris, ka batoer anoe doeaan, saha noe kagoengan këbon, sarta eta boemi tea, sarawoeh patamanan, lantaran teuing koe loetjoe, bareres atoeranana.

16. Walonanana ka koering, nĕrangkeun ngaran noe boga, imah këbon sarëng balong, "tjënah hidji bangsa menak, anoe moekti wibawa, moeng karĕsĕpna di goenoeng, boeka tanah boeboeara.

17. Keur kitoe koeroenjoeng istri, ti boemi bari goegoepaj, aloes rĕngkoeh hade lĕntong, njoemanggakeun ka sadaia, mangga lalĕnggah heula, bilih hojong koeloeb soeoek, barina ngeureunan palaj.

18. Koering rada maras-mîris, aeh-aeh païangsîang, hate bati mandĕg majong, inggis bisi koema’ onam, margi ten atjan kënal, tjohogna inggis ditipoe, atawa dikaniaja.

19. Moeng bae itoe pok deui, soemangga linggih soemangga, atoeh koering eleh deet, kitoe-kieu koema* behna, koemaha tjek ahirna, enggalna koering boes aboes, loemĕbĕt ka wawangoenan.

20. Batoer taja anoe kari, anoe istri mah ka îmah, koe pĕriboemi dikaleng, lalaki ngoempoel di tĕpas, dina korsi ngadjadjar, moeng bae margi teu tjoekoen. hidji korsi koe doeaan.