- Teu lami soesoegoeh bidjil, koeloeb saoek koeloeb katjang, tjaoe ambon moenggah obroj, sarĕng sadjabi ti eta, roepaning katoeangan, sakoer Kamodelan goenoeng, ditambih roedjak markoesa.
- Eukeur hanaang ti tadi, parĕng aja noe njoegoehan, atoeh nja raos nja ponja, soesoegoeh ngan oekoer datang, kana loehoereun medja, sabot priboemi ka poengkoer, idangan kantoen piringna.
- Semah beuki wararani, doemoegi ka norek pisan, njoehoenkeun deui tjiĕnteh, wangsoelan priboemi mangga, da ĕnteh mah mo kirang, bari sor deui soesoegoeh, ditambah saaja-aja.
- Mindo pilahir priboemi, kalintang pisan handjakal, reh poen lantjeuk mah di kebon, henteu tiasa majoenan, moeng sangĕt nja paneda, ĕngke samoelih ti ditoe, linggih deui sakĕdap mah.
- Sarĕng aja pamĕrĕdih, wireh di dieu mah langka, ngoepingkeun anoe mamaos, kawantos di pagoenoengan, sĕpi noe tinghaleuang, djabi ti harĕgoeng maoeng, moen siang tjoemĕlik heulang.
- Koering ngareret ka gigir, ngitjeupan batoer saoerang, koe itoe ĕnggeus kahartos, tĕras dehem bari tanggah, mikiran goegoeritan, Dangdanggoela Kentar Adjoen, noe kieu pokpokanana.
,,Hatoer noehoen reboe laksa. kĕti, mĕnggah kana pangasih salira, ka diri abdi sakabeh, anoe noedjoe kasaroeng, mapaj leuweung lĕbak loengkawing, njaksrak ngalangkoeng djoengkrang, maksad rek ka goenoeng, kawoewoeh djeung kalempohan, margi tjape oeroet tibeubeut-tibanting, koe nandjak-moedoen tea.
Saoepami teu aja pangasih, nja salira anoe mikawĕlas, njambat toer disae-sae, ngahormat sareng njoegoeh, tjêkap pisan malah oetami, abdi teh tangtos pisan, sarĕng batoer-batoer, ngardjoprak dina boeboelak, biheung teuing mo tiasa wangsoel deui, ningali sare'atna mah.
Margi kitoe moegi Maha Soetji, malĕs kana pangasih salira, anoe parantos karaos, sareng sapa'at Rasoel, noe sinĕlir pamoengkas Nabi, moega sapapaosna, moeloes toer rahajoe, ginandjar ka-
— 173 —