Ieu kaca geus divalidasi
wiloedjĕngan, djaoeh bahla sinarĕng parĕk redjĕki, tinĕkan sapamaksad.
Sarĕng sangĕt panoehoen sim koering, bilih hĕnteu jasa deui tèpang, woewoen kalintang roemaos, tjoiogog toer tjoelangoeng, kirang adab tatakarami, tjatjak nembean tepang, moegi tjoekoep loemoer, moeng ngambangkeun ka salira, ngahapoentĕn ti dohir toemĕkeng batm, seep rerĕgĕd doenja.
Djabi eta rek oendjoek tingali, wireh maksad tĕbih keneh pisan, ajeuna nĕda pĕrmios, bade nĕraskeun lakoe, nĕda djiad moegi lastari, wiloedjêng sapaosna, doemoegi ka wangsoel, oelah aja pantja baja, sareng moegi dienggalkeun tĕpang deui, sinarĕng wiloedjĕngna.
- Toetoep tĕmbang tĕras pamit, rek nĕraskeun pamaksadan, inggis sĕdĕk panas poë, sarëng tébih keneh pisan, bilih seep waktosna, waktos keur ngaso keur wangsoel, inggis bilih kapoëkan.
- Priboemi ngawklon aris, njoemanggakeun ka sadaja, nganggo boedi basa sae: „Mangga atoeh rek djëngkar mah, moeng oelah. kirang-kirang, reh ngahormat teh moeng oekoer, tebih tina oetami mah.”
- Tidinja sadaja indit, ngantoen taman Pangentjongan, anoe narik kana hate, leumpang kalintang repotna, soekoe bareurat heuras, reh kesang kaboedjéng toeoes, koering ampir kalempohan.
Kinanti
- Kinanti panjamboeng poepoeh, ti dinja bras kana pasir, mapaj djalan noe satapak, lidig djiga tapak moending, leumpang ngaleut roemanggasaj, moentang kana dahan kai.
- Sili toengtoen sili soeroeng, kawantoe djalan loengkawing, garoerawes matak lĕwang, ti gigir pasir ngadingding, pinoeh koe tangkal hanggasa, hondje têpoes reudjeung pining.
- Rame noe paboeroe-boeroe, ngaralaan boeah pining, parasi reudjeung hanggasa, pesak badjoe moenggah rĕmpih, didalahar bari leumpang, moetoeh djiga boedak leutik.
— 174 —