Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/222

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Barang ningal kana waktoe, horeng teh geus lohor ahir, leumpang toeloej digantjangan, inggis hěnteu bisa něpi, tapi gantjang teh ngan maksad, woengkoel patekadan ati.
  2. Da leumpang mah anggěr laoen, malah leuwih batan tadi, sabab eukeur mah geus pajah, katambah nandjakna leuwih, leuwih batan noe ka toekang, taja noe rata saeutik.
  3. Lami-lami sami tjoendoek, ka tandjakan noe nangtawing, sanggěm pananggoeng noe doea, tah bilih hnteu tingali, ieu teh si Baeud tea, mangga ajeuna mimiti.
  4. Paingan teuing kamashoer, ngaran si Baeud teh boekti, tandjakan noe nětěk pisan, mani nandjeur kawas bilik, kitoe ge leuheung meueusan, saoepami hënteu těbih.
  5. Ieu mah koemaha atoeh, eukeur nëtëk teh djeung těbih, istoe moenasabah pisan, tina nami kana boekti, sabab sadjěroning leumpang, teu aja anoe kakoeping.
  6. Djabi sora tingrarahoeh, taja noe ngomong saeutik, boloampar gogondjakan, ngobrol banjoi soeka-seuri, ngan bararaeud mah ěnja, sajab tjape liwat saking.
  7. Woewoeh beuteung tingkoeroeboek, rajohna mementa eusi, karasa peurih toer lapar, horeng lain bae koering, batoer ge nja kitoe pisan, malah ampir rek salatri.
  8. Pisanggem djalma pananggoeng, ke koelan sakědap deui, oelah toeang di noe nandjak, moal lami oge soemping, ka Patrol dina tětělar, těmpatna raos toer tiis.
  9. Jaktos pisan hěnteu wadoel, pisanggěm pananggoeng boek­ti, dikintěn saparapat djam, těras sadajana doegi, kana sisina tětělar, tanahna rata toer rěsmi.
  10. Horeng tětělar teh kitoe, tanah datar loehoer pasir, boeboelak lěga majakpak, pantěs patilasan nagri, nagara djalma baheula, noe kontjara gagah sakti.

— 175 —