Ieu kaca geus divalidasi
- Katawis tjaringin koeroeng, doea ngarendeng teu tĕbih, di tĕngah-tĕngahna pisan, handapna ioeh toer tiis, lingih kawas disapoean, taja djoekoet noe djaradi.
- Aja oge noe toemoewoeh, tatapina rada tĕbih, roepi djoekoet pagoenoengan, djoekoet djangkoeng sadagori, djoekoet rapĕt djeung lambĕta, pasĕiang mandjalt djeung eurih.
- Hoenjoer leutik tingparentoel, katingal loeis boelistir, nagasari tingrangkadak, harendong di sisi iamping, keur meudjeuhna loba kĕmbang, matak ioetjoe noe ningali.
- Tĕras sadaja maroeroe, kana handapeun tjaringin, ngararioeng babatoeran, henteu aja anoe tĕbih, tĕras moeka bebekĕlan, rantang sababraha hidji.
- Samemeh dahar ngalantoeng, ngoelinting ka tĕbeh lamping, ngala lalab batoer ketjap, tampa lawan djeung njalingit, peuteuj selong boros tjombrang, poetjoek poetat djeung djalantir.
- Tĕras dalahar ngarioeng, hënteu aja anoe tĕbih, malah toekang minjak tea, doeanana oge sami, diadjak ngarioeng dahar, kalĕrĕsan henteu nampik.
- Ja Goesti Allah noe agoeng, koering mah nĕmbean manggih, kani‘matan noe pohara, neda sagala njarari, poepoetjoekan karaosna, asa bistik daging sapi.
- Ari daging mah geus poegoeh, poegoeh ngaranna ge daging, anoe geus tangfos raosna, sanes tjatoerkeuneun deui, toetoep dahar soekan-soekan, babatoeran gĕrah deui.
- Ngobrol bari araroedoed, ngalamoen noe lain-lain, noe ngalamoen hibĕr tea, noe sapalih nĕroes boemi, anoe rastjlok sapalih mah, geus ka sisi kawah nepi.
- Toengtoengna rame ngagoeroeh, sareuri patarik-tarik, seuri koe omong sorangan, rsh lamoen noe lain-lain, noe moal ĕnja kasorang, sanadjan nĕpi ka pati.
— 178 —