Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/228

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Kintĕn poekoel satoe langkoeng, tĕras mararadjĕng deui, djalanna teu. pati nandjak, babatoeran gĕrah deui, bangoen sĕsĕg ajeuna mah, dina oeiatna katawis.
  2. Leumpang ngaleut tingâroengkoeg, ngabantaj pairing-iring, leumpang dibarengan toktrak, lëngkah deui troktrak deui, horeng rantang ditogentjang, lontjer da geus teu dieusi.
  3. Teu lami sĕlĕksĕk baoe, kabawa koe angin leutik, sihoreng baoe warirang, sanggèm pananggoeng tah geuning, prantos kaamboeng baoena, moal lami oge soemping.

Dangdanggoela

  1. Jaktos pisan hènteu kantos lami, tëras clongkap kana djalan tjagak, règ sabatoer-batoer liren, ngaso bari barêmpoeg, mana heula noe rek dioengsi, naha tjipanas heula, ka kawah ti poengkoer, sabadana ti tjipanas, rame tjektjok reh kahojong hènteu sami, mënding ka kawah heula.
  2. Tjek sapalih ka kawah pandeuri, poetoesna mah teras diakalan, koe paseueur-seueur sëtem, poetoesna noe kaakoe, nja ka kawah tëtëp pandeuri, djadi koedoe tjipanas, noe heula didjoegdjoeg, teras madjoe djalan kentja, lindoek ioeh rehmg seueur tangkal kai, noe minangka pajoengna.
  3. Hènteu lami sadaja nerëpi, kana tëmpat anoe matak heran, kaina toetoeng paraeh, sanadjan noe djarangkoeng, noe handap mah geus poegoeh deui, komo djoedjoekoetan mah, taja noe kalaroeng, toetoeng renghek djadi roehak, di sisina aja papan beunang noelis, basa Inggris-Walanda.
  4. Noe maksadna di dinja teu kenging, ngëdëng dioek atawa ngadapang, tjingogo atawa dongko, noe loehoerna teu langkoeng,

    hidji metèr anggang ti boemi, karana ioba pisan, hawa-hawa ratjoen, noe matak paeh ka djaima, babakoena tjek basa omongan

    asing, nja „swavelzuur“tea.
  5. Tjek pananggoeng bilih teu tingaii, tah nja ieu ngaran Padjagalan, noe hawana matak maot, màlah waktos kapoengkoer,
—179 —