Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/229

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    loehoer, dina poentjak pasir tea, seueur kai tangkalna patingdjalëgir, wantoe leuweung toetoepan.
  1. Moeng lĕrĕsan koering dongkap tadi, tanahna leh nja kaetang handap, malah aja pintoe-aer, sera tjai ngagoeroeh, horeng tjoeroeg di tebeh lamping, pamitjeunan tjikawah, soepados teu pinoeh, roepina kenging ngahadja, bok manawi matak tjilaka diahir, oepami diantëp mah.
  2. Keusik-keusik anoe katingali, nadjan taneuh noe tjakët ka­wah mah, roepina teh sami bae, bados djeg batoe lempoeng, na•in batoe noe tingdjoengkiring, kitoe bae roepina, bangoen aradoeh, bentën djeung tjadas niasa, koe panginten margi kateuran 'teuing, keuna saab warirang.
  3. Kakaian noe tjakët mah sami, komo palih katoehoeëun djalan, kawas didoeroekan bae, pararaeh taroetoeng, ageung-alit taja noe kari, lêgana teh kalintang, poeloeh-poeloeh baoe, sisi kawah di beh lebak, aja hidji plat namoeng geus teu katawis, komo aksarana mah.
  4. Platna oge anoe tina beusi, ampir seep moeng kantoen sisina, kitoe oge geus rarobek, kawas oeroet didoeroek, noe heureui mah pirakoe deui. koering kalintang heran, da tihang mah moeloes, tihang kai hënteu tjatjad, ngan barëdjad tajoh kâpanasan teuing, kaiboen kahoedjanan.
  5. Malah sanes baë plat noe tadi, anoe seep kawas didoe­ roekan, hateup seng dina papajon, oge seep teu kantoen, moeng noe kantoen dangdanan kai, oesoek ëreng djeung tihang, sarigsig maroeloes, kadjabi bëdjad djeung ratja, ditoelisan ditjokrahkeun kana kai, ngaran djeung titimangsa.
  6. Koering hënteu pĕtot hernëng pikir, ngemoet-ngemoet kabeungharan alam, b ari dioek dj papajon, batoer-batoer ngarioeng, repeh kawas eukeur malikir, mikiran seng sarëng plat, koe naon pang kitoe, namoeng panginten koering mah, kaanginan noe mawa zat ratjoen matin, sarëng koe kalamian.
— 182 —