Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/230

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Tĕras koering djeung batoer badami, inaksad orek ngoerilingan kawah, namoeng hoream koe tjape. woewoeh pangna teu wantoen, reh tanahna djoengkrang loengkawing, toer leuweung gĕlĕdĕgan, djadi henteu toeloes. malah koe sàtadina mah, aja maksad rek naek ka loehoer pasir, poentjakna goenoeng tea.
  2. Reh pisanggëm pananggoeng ka koering, ti dinja mah moen ningal ka wetan, Tasikmalaja katembong, sareng Goenoeng Galoenggoeng, kawah anjar oge katawis, matak waraas pisan, moeng koemaha atoeh, sanes pisan henteu hajang, ngan hoream di djalanna sabab roempit, aringgis kaboeritan.
  3. Sanggeus ngaso pirang-pirang lami, koering sareng batoer sadajana, tëras mararoeka peso, njokrahan tihang kajoe, tilimangsa sinarëng nami, kebat sadaja mangkat, ngabroel rek warangsoel, soeka gerah sadjadjalan, rehing maksad anoe tjoemantel geus lami, ajeuna tinëkanan.
  4. Di djalanna mo’ ditjatoer deui, reh tadi ge prantos imeut pisan, toer djalanna eta keneh, boedjëngkeun kang tjinatoer, malar moeloes loeloes Jastari, kotjap bae geus dongkap, wantji toenggang goenoeng, ka lëbakeun Pangentjongan, pasir nënggang awas ka maha ka mendi, waraas titingalan.
  5. Goenoeng-goenoeng katingal boelistir, kakajonna hoeroeng semoe herang, katodjo koe lajoeng koneng, kawas makoeta agoeng, siga emas anjar sinangling, tingdaroengkoek pasirna, ngabantaj patoemboe, soemawon lebak djoengkrangna, laloengkawing ma­tak aringgis ningali, matak paoer lëbakna.
  6. Beuki boerit les lajoeng laleungit, ladjoe lampah madjoe kabeh lebak, bari ret ningal ka koeîon, Iemboer pating roenggoenoek, kakajonna anoe katawis, Garoet oekoer lĕbahna, sêmoesemoe biroe, katingal damarna raang, beh tonggohna Hotel Ngamplang katingali, Sanatoerioem tea.
  7. Matak këlar njoeat ati kingkin, ningal damar listrik noe baranang, djiga koenang-koenang mondok, moetoeh matak kajoengjoen. narik ati anoe prihatin, hegar patjampoer waas, bibit
— 183 —