Ieu kaca geus divalidasi
- Katawis tjaringin koeroeng, doea ngarendeng teu tĕbih, di tĕngah-tĕngahna pisan, handapna ioeh toer tiis, lingih kawas disapoean, taja djoekoet noe djaradi.
- Aja oge noe toemoeweh, tatapina rada tĕbih, roepi djoekoet pagoenoengan, djoekoet djangkoeng sadagori, djoekoet rapĕt djeung lambĕta, pasĕlang mandjah djeung euri.
- Hoenjoer leutik tingparĕntoel, katingal loeis boelistir, nagasari tingrangkadak, harendong di sisi lamping, keur meudjeuhna loba kĕmbang, matak loetjoe noe ningali.
- Tĕras sadaja njaoroeroe, kana hardapeun tjaringin, ngararioeng babatoeran, hĕnteu aja anoe tĕbih, tĕras moeka bĕbĕkĕlan, rantang sababraha hidji.
- Samemeh dahar ngalantoeng, ngoelinting ka tĕbeh lamping, ngala lalab batoer ketjap, tampa lawan djeung njalingit, peuteuj selong boros tjombrang, poetjoek poetat djeung djaanitir.
- Tĕras dalahar ngariong, hĕnteu aja anoe tĕbih, malah toekang minjak tea, doenana oge sami, diajak ngariong dahar, kalĕrĕsan hĕnteu nampik.
- Ja Goesti Allah noe agoeng, koering mah nĕmbean manggih, kani'matan noe pohara, nĕda sagala njarari, poepoetjoekan karaosna, asa bistik daging sapi.
- Ari daging mah geus poegoeh, poegoeh ngarana ge daging, anoe geus tangtos raosna, sanes tjatoerkeunem deui, toetoep dahar soekan-sockan, babatoeran gĕrah deui.
- Ngobrol bari araroedoed, ngalamoen noe lain-lain, noe ngalamoen hibĕr tea, noe sapalih nĕroes boemi, anoe rastjĕk sapalih mah, geus ka sisi kawah nĕpi.
- Toengtoengna rame ngagoeroeh, sareuri patarik-tarik, seuri koe omong sorangan, reh lamoen noe lain-lain, noe moal ĕnja kasorang, sanadjan nĕpi ka pati.
- 178 -