Ieu kaca geus divalidasi
- Kinten poekoel satoe langkoeng, tĕras mararadjang deui, djalanna teu pati nandjak, babatoeran gĕrah deui, bangoen sĕsĕg ajeuna mah, dina oelatna katawis.
- Leumpang ngaleut tingarĕngkoeg, ngabantaj pairing-iring, leumpang dibarĕngan toktrak, lĕngkah deui toktrak deui, horeng rantang ditogentjang, lontjer da geus teu dieusi.
- Teu lami sĕlĕksĕk baoe, kabawa koe angin leutik, sihoreng baoe wariarg, sanggĕn pananggoeng tah geuning, prantos kaamboeng baoena, moal lami oge soemping.
Dangdanggoela
- Jaktos pisan hĕnteu kantos lami, tĕras dolongkap kana djalan tjagak, rĕg sabatoer-batoer liren, ngaso bari barĕmpoeg, mana heula noe rek dioengsi, naha tjipanas heula, ka kawah ti poengkoer, sabadana ti tjipanas, ramie tjektjok reh kahojong hĕnteu sami, mĕnding ka kawah heula.
- Tjek sapalih ka kawah pandeuri, poetoesna mah tĕras di kalan, koe paseueur-seueur sĕtem, poetoesna noe kaakoe, nja ka kawah tĕtĕp pandeuri, djadi koedoe tjipanas, noe heula didjoegdjoeg, tĕras madjoe djalan kentja, lindoek ioeh rehing seueur tangkal kai, noe minangka pajoengna.
- Hĕnteu lami sadaja narĕpi, kana tĕmpat anoe matak heran, kaina toetoeng paraeh, sanadjan noe djaranggoeng, noe handap mah geus poegoeh deui, komo djoedjoekoetan mah, taja noe kalaroeng, toetoeng renghek djadi roehak, di sisina aja papan beunang noelis, basa Inggris-Walanda.
- Noe maksadna di dinja teu kenging, ngĕdĕng dioek atawa ngadapang, tjingogo atawa dongko, noe loehoerna teu langkoeng, hidji metĕr anggang ti boemi, karana loba pisan, hawa-hawa ra-tjoen, noe matak paeh ka djama, babakoena tjek basa omongan asing, nja "swavelzuur" tea.
- Tjek pananggoeng bilih teu tingali, tah nja ieu ngaran Pajagalan, noe hawana matak maot, malah waktos kapoengkoer,
- 179 -