Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/235

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

opat djalmi noe ngala kai, paeh opatanana, margina teh dioek, těras maot ditoeloengan, koe batoerna bari dongko handap teuing, nja tĕras deui misan.

 6. Tĕrasna mah sadaja lastari, opat djalma maot pabalatak, kengingna pada njaloër, ti tempat anoe djaoeh, margi taja anoe warani, lĕbět ka tempat eta, barina ditoendjoek, toeh tjakět batoe noe něnggang, geuning lenglang aja ge kai gararing, koe hawana warirang.

 7. Koering leumpang, henteu pĕtot mikir, pikir kětir patjampoer baloeas, ari gědena mah seber, inggis teu bisa wangsoel, komo sanggeus katingal sidik, bangke bogong ngadjoprak, dina tjakět hoenjoer, tajohna bagong keur njaba, loenta njasab asoep ka těmpat noe wĕrit, tĕras maot di dinja.

 8. Batoer oge sami tingpoeringis, tjingkleung sieun katawis sěmoena, djěmprek taja kětjet2 kadjabi tingrarahoeh, kalĕrĕsan teu kantos lami, darongkap ka tjipanas, saroepi tjinjoesoe, tingběrĕkběk tingboerial, tina liang anoe tanahna loengkawing, mantjĕr djiga pantjoeran.

 9. Ngěboel moemboel haseupna ka langit, tĕras koering njobinjobi njabak, sanes deui panasna teh, tjatjak saboekoe tjoeroek, toer mo' aja saprapat měnit, komo lamoen mandi mah, pendek geus teu wantoen, tina ningal sare'atna, panasna teh ampir sami sarĕng tjai, anoe eukeur ngagolak.

 10. Hĕnteu těbih tina liang tjai, noe ngagolak nja eta tjipanas, aja hidji imah pondok, hateupna daoen těpoes, bilik sasag awi toer ipis, těmpat anoe titirah, tjek bedja mah mashoer, tjipanas Talagabodas, matih pisan kana sagala panjakit, boedoeg djeung sabangsana.

 11. Harita ge aja gěněp djalmi, ngakoe asal oerang Radjapolah, noe doea soekoena borok, noe opat deui boedoeg, di dinjana teu atjan lami, moeng menggah paoedoerna, prantos ampir soeroed, hartosna geus ampir sehat, koe panginten 'mo kantos saminggoe deui, tiasa sehat pisan.

- 180 -