Ieu kaca geus divalidasi
- Di tjipanas henteu kantos lami, sanggeus seep sadaja ditingal, tĕras wangsoel deui bae, moeng batoer doea kantoen, toekang minjak oerang Tjiawi, reh bade kĕbat moelang, moeng oekoer soemamboeng, moegia kawiloedjĕngan, saladjengna teu aja rĕrĕpĕt galih, laksana noe dimaksad.
- Henteu kantos sakoemaha lami, dongkap deui kana djalan tjagak, njampak di dinja ngaronjok, baroedak poeloeh-poeloeh, horeng anoe keur schoolwandeling, dianteur koe goeroena, nĕmbe pisan moedoen, parantos laladjo kawah, sakalintang handjakalna pikir koering, teu tĕpang ti anggalna.
- Tjatjak lamoen sasarĕngan indit, tada teuing pirĕsĕpeunana, moal keueung teuing hate, tapi koemaha atoeh, mana kitoe geus lain milik, tĕras koering mah ngetan, kawah noe didjoegdjoeg, ngasroek tĕgal pakoe-andam, djoekoet djangkoeng, daoen lambĕta ngarait, djarĕgdjĕg tangkal wangkal.
- Leumpang henteu patos tjape teuing, kabangbrangkeun seueur titingalan, bakoena djalaran atoh, reh pisanggĕm pananggoeng, ti dinja teh teu patos tëbih, djeung kalĕrĕsan pisan, satĕngah pal langkoeng, ngadongkapkeun kana kawah, geus katingal tina sĕla-sela kai, kawahna bodas ngĕplak.
- Ari breh teh ja Allah ja Robbi, koetan kitoe ari roepi kawah, matak poho moho nendjo, moetoeh koe matak loetjoe. djiga Iaoet bentenna alit, tjĕples sitoe di oerang, ’moeng di loehoer goenoeng, iplik-aplak lĕga pisan, koe pangintĕn lima poeloeh baoe leuwih, tjaina ngĕplak bodas.
- Tingbĕrĕbĕs sakoerilir.g-boengking, awitna mah pikir koering njangka, seueur laoek noe galedë, tapi sanggĕm pananggoeng, sanes laoek moeng liang tjai, koering rada pĕrtjaja, pantës oge kitoe, da ari laoek rriah rnohal, bisa hiroep nadjan jaktos sami tjai, namoeiig kĕsed rasana.
- Talaga teh kaboedeur koe pasir, toer goerawes matak lewang pisan, loehoerna ratoesan elo, tajohna' sĕring oeroeg, da taneuhna beureum katawis, bolĕnang teu djoekoetan, kadjabi di
— 181 —