Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/237

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    hate liwoeng, liwoeng lĕwang bararingbang, roesras emoet ka soegri noe lain-lain, noe lami kadjamanan.
  1. Komo lamoen noe noedjoe birahi, noe keur pinoeh koe soegri panjiptan, anoe ngabotkeun pangraos, tinangtos tĕras ngangloeh, reh teu kiat nar.dang ririwit, manah kasoeat-soeat, djadi wawoeh koesoet, tëmahna ngahoedang brangta, meulit meudjit ngait dina sanoebari, kasawang koe tjiptaan.
  2. Poekoel toedjoeh kirang sablas mĕnit, koering sarëng batoer doea bĕlas, tjape hoeroehah-harehoh, ka Wanaradja tjoendoek, moeroe halteu kareta api, nja kalĕrĕsan pisan, kareta ngabagoeg, geus tjoet-tjat sadaja toempak, djam dafapan kirang doea poeloeh mĕnit, koering dongkap ka imah.




Kasehatan leuwih pecloe batan kakajaan, tapi nadjan sehat, lamoen loba kakoecartgan bisa ngadjadikcun gĕring.

Noe noenggoe tjoendoekna woekoe, ngadagoan datangna mangsa taja bedana djeung noe ngahahamboer waktoe.

— 186 —