Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/238

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

18. BOEKOE DOKTOR.

TOELAK BALA

 Pangira sim koering sarerea oge moal aja noe bireuk kana Toelak bala teh, nja eta hidji roepa djampe pikeun panjinglar sagala roepa balai djeung gĕgĕring; tapi saĕnja-ĕnjana moenggoehing pikeun gĕgĕring mah toelak bala anoe panghade-hadena teh nja eta kadaharan anoe patri. Sarerea oge meureun tarerang, jen teu koerang-koerang panjakit anoe dilantarankeun koe koerang hade kadaharan. Samemeh ngadjoedjoet panjakit anoe dilantarankeun koe ka­ daharan, leuwih hade oerang mariksa heula babagian kadaharan anoe gede goenana kana kasehatan badan sangkan atra katingalna.

Kadaharan boedak leutik (orok)

 Anoe djadi kadaharan orok biasana taja lian ngan tjisoesoe, tapi sanadjan kitoe, eta boedak saban poë ngagedean, djagdjag waringkas taja halangan-hai’oengan biasana mah. Dajdi moenggoehing pikeun orok mah tjisoesoe teh enggeus tjoekoep pikeun hiroep djeung hoeripna, nja kitoe deui pikeun ngagedeanana atawa nambahan kakoeatanana.

 Lamoen ngingetkeun kana sakitoena, estoening matak heran tjisoesoe teh lain? Naha ngandoeng rasiali naon atoeh eta teh anoe matak bisa njoemponan kana kaperloean orok? Tjik oe­ rang titenan.

 Tjisoesoe teh woedjoedna entjer sakoemaha tjai, katoeroegtoeroeg djeung sabĕnĕrna deiiih memang tjisoesoe teh dina babagianana loba tjaina; eta tjai katjampoeran deui koe barangbarang- sedjen, nepi ka roepana tea djadi bodas.

 Naon sababna noe matak eta tjisoesoe roepana djadi bodas?

 Anoe matak tjisoesoe roepana bodas, sababna aja roepa-roepa: kahidji doemeh ngandoeng gad'ih, malah nja koe lantaran eta noe matak tjisoesoe beunang didjieun mantega oge. ÎCadoea. lantaran sadjabana ti gadjih teh aja deui, nja eta kidjoe; tapi lain kidjoe

saperti noe sok didjaroealan di toko-toko, dalah eta kidjoe di—

— 187—