djieunna koe tjisoesoe oge, lantaran eta mah geus aja tjampoeranana deui. Ari noe disëboet kidjoe noe saenjana, nja eta noe biasana kapanggih koe oerang waktoe naheur tjisoesoe sarta eta tjisoesoe teh pĕtjah. Demi kidjoe anoe saenja-ĕnjana beunang disaroeakeun djeung bobodas ĕndog. Bisa djadi aja noe henteu pĕrtjaja kana ieu katerangan doemeh tjisoesoe disasaroeakeun djeung bobodas endog, tapi geura titenan lamoen oerang ngetjlakkeun bobodas ĕndog kana tjai anoe ngagolak, tangtoe eta bobodas endog teh djadi salin roepana djeung woedjoedna, nja sapĕrti noe sok katingal dina tjisoesoe noe pĕtjah tea.
Lamoen oerang nginoem tjisoesoe, biasana sok karasa asa sari-sari amis, eta hidji tanda jen tjisoesoe teh sadjabana ti ngandoeng tjai, gadjih, djeung kidjoe teh ngandoeng goela deuih. Tah nja koe barang-barang noe opat roepa tea noe matak tji soesoe bisa njoemponan kana kapĕrloean baroedak oge.
Saenjana djaba ti barang noe opat roepa tea dina tjisoesoe teh aja deui barang-barang noe sedjen. Noeroetkeun katerangan anoe palintĕr, tjisoesoe teh ngandoeng roepa-roepa bangsa oejah noe geus antjoer djeung tiampoer baoer djadi hidji djeung barang noe sedjen tea. Êngke di handap baris diterangkeun tina hal ieu katoet djeung bagian-bagian noe sedjen.
Dimana boedak geus rada gëde.
Dimana boedak geus rada gede, tjisoesoe teh geus teu njoemponan kaperloeanana, ngan hadena biasana noe djadi indoeng sok ngartieun kana hal ieu, nja kadaharan boedakna teh sok ditambahan koe tim beunang ngoejahan saeutik atawa boeboer anoe beunang ngagoslaan; lila-lila nja sok ditambah deui koe tjaoe, oepamana.
Naon sababna noe matak kadaharan noe dipake nambahan dahareun boedak teh bet noe kitoe? Naha aja naonan dina ka daharan tambahan teh?
Perkara goela geus tĕrang pikeun nambahan lobana goela noe geus aja dina tjisoesoe sakoemaha noe geus diterangkeun tadi di loehoer.
Kadaharan bangsa sangoe, boeboer djeung sadjaba ti eta anoe didjieunna koe tipoeng, babâgianana, gĕ^edena mah taja lian ti bangsa goela. Djadi kadaharan noe aramis djeung noe didjieunna koe tipoeng teh, gorenana pikeun badan mah teu aja pisan