Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/240

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bedana. Kadaharan anoe tina beas atawa tipoeng dimana geus digiling dina beuteung, kaajaanana tea djadi robah, nja eta djadi saroepaning goela, taja bedana djeung peujeum, boh peujeum kĕtan boh peujeum sampeu, amis sorangan lantaran koe diragian.

Kadaharan kolot.

 Kadaharan boedak anoe geus gĕde taja bedana djeung kadaharan dahareun kolot. Kapĕrloean badanna ajeuna mah lain tina tjisoesoe, tapi tina kadaharan sapopoë.

 Pikeun nganjahokeun kadaharan dahareun kolot, geura ngilikan kaajaan di dapoer bae. Di dinja bakal kanjahoan, jen di bangsa oerang, oerang Priboemi, noe dipĕrloekeun teh sangoe, nja eta kadaharan noe saxoemaha geus diterangkeun tadi diloehoer, lamoen geus aja di djěro beuteung sok ganti roepa djadi sabangsaning goela. Sadjabana ti sangoe noe katendjo teh aja deui, nja eta ěndog djeung daging. Děmi kaajaanana babagianana daging, gĕgědena taja lian ti bobodas endog. Djadi ajeuna geus kanjahoan jen tina tiloe roepa eta kadaharan, noe geus aja teh nja eta goela djeung bobodas endog. Ari oejah lolobana diajakeunana koe sambara, nja kitoe deui gadjih lamoen teu maoedjoed gadjih (geus djadi minjak), ditjampoerkeunana djeung kadaharan teh waktoe keur diasakan, sapĕrti dina keur digoreng koe minjak kalapa, sabab saĕnjana minjak noe sabangsa djeung minjak kalapa teh bangsa gadjin keneh.

 Lian ti kadaharan anoe geus ditataan bieu di loehoer, aja deui kadaharan sedjen noe ngandoeng kapĕrloean pikeun badan teh, nja eta: katjang soeoek djeung katjang kaděle. Ieu doea roepa katjang rasana sari amis, hidji tanda jen di djěrona aja goelaan; sadjabana ti eta aja gadjihna deuih, boektina beunang dipĕrěs dibidjilkeun minjakna. Nja kitoe deui eta doea roepa katjang teh pada ngandoeng bobodas endog, boektina beunang diatjikeun didjieun tahoe malah saeutik-eutikeun ngandoeng tjai deuih.

 Pendekna kadaharan anoe loba ngandoeng bobodas ĕndog teh nja eta: sagala roepa daging, kaboeboeah, hate, kalilipa, polo, sagala roepa laoek tjai, hoerang, ĕrdog hajam djst., kidjoe, katjang soeoek, katjang kaděle, katjang hedjo, kanari, boengkil katjang, tempe, ontjom djst.

 Ari kadaharan anoe loba gadjihna, nja eta: gadjih sapi djst.,

- 189 -