mantega kidjoe, kanari, katjang soeoek, kalapa katoet minjakna djst.
Kadaharan noe loba tipoeng djĕung goelana nja eta: beas, djagong, hoei, roepa-roepa tipoeng djĕung goela, djĕung roepa-roepa katjang.
Badan menta koe maneh.
Moenggoehĕing badan aja kaadjaibanana, nja eta dimana pĕrloe meunang barang anoe pĕrloe atawa lamoen kakoerangan koe salah sahidji roepa eta barang tea, sok menta koe maneh. Oepama: dina watoe badan kakoerangan tjai, oerang sok ngarasa halabhab djĕung dimana oerang lapar, hidji tanda jen badan kakoerangan bojoedas ĕndog, goela djĕung gadjih. Koe sabab kitoe, hadena mah kadaharan noe baris didahar teh koedoe anoe patri, anoe ngandoeng barang-barang anoe pĕrloe pĕikoen kapĕrloean badan tea.
Lobana kadaharan djĕung tjai inoemeun pĕikoen saoerang-oerangna hĕntoe bisa ditangtoĕkeoen, lantĕran biasana teh sok noeroetkeoen kana kĕadjaan badanna — gĕdĕ-leutikna — djĕung goemantoeng kana tanagana anoe dikaloearkeoen deuih.
Boedak leutik daharna tangtoe leuwih saĕutik batan anoe geus sawawa; djalma anoe digĕwana beurat, noe make tanaga loba: daharna tangtoe leuwih gĕdĕ batan anoe pagaweanana hampang.
Goenana kadaharan
Dĕmi goenana kadaharan roepa-roepa, kajaning: pĕikoen ka djalma anoe tas digĕwa kalawan mĕtakeon tanaga badanna, pĕrloeana teh pĕikoen ngagantian eta tanaga tea; ari ka boedak sangkan badanna ngagĕdeĕan. Djaba ti eta kadaharan teh bisa njageurkeoen karoeksakan-karoeksakan noe aja di djĕro badan deuih.
Lobana tjai anoe diinoĕm koe djalma anoe geus sawawa, ratarata 2 á 3 litĕr sapoĕ, tapi anoe sakitoe lobana teh hĕntoe woengkoel tjai hĕrang, biasana osok roepa-roepa pisan, sapĕrti: tjikopi, limoĕn, sirop, tjai es, tjitjadjin djst.; tjĕangĕoen tjai noe aja dina boehoer, tjai noe aja dina sangoe bĕjĕ, noe dina pasakpasakan; noe aja dina hoeboĕahan sapĕrti: dina samangka, bontĕng, sawo manila, tjaoe, manggoe, ramboetan, doekoĕ djst.