Bobodas ĕndog.
Di antara tiloe roepa barang anoe pĕrloe pĕikoen badan tea, nja eta: bobodas ĕndog, goela djĕung gadjih, noe pangpĕrloena pisan mah nja eta bobodas ĕndog loeloegoena teh. Sapoë-poĕ ëna bobodas ĕndog anoe koedoe didahar koe djĕlĕma teh pangsaĕutikna 60 gram, ditambahaan koe goela djĕung gadjih tea; ngan bae ari lobana goela djĕung gadjih mah hĕntoe gampang ditangtoĕkeonana.
Lamoen halabhab teu diinoeman atawa lamoen lapar teu didaharan, lila-lila matak djadi panjakit kana dirina, nja eta toehoeroen djeung kalaparan, malah bisa djadi matak ngalanterankeun kana patina.
Djalma anoe kakoerangan kadaharan, nja eta anoe lobana bobodas ĕndog, goela, tipoeng djeung gadjih dina badanna teu njoempoean kana kamistianana, tangtoe bĕgang djeung limpeuna; dimana kĕadjaan badan geus kitoe, gampang kasorangna koe roepa-roepa panjakit. Koe lantaran kitoe katjida pĕrloena badan teh meunang tjai, bobodas ĕndog, tipoeng, gadjih, goela satjoekoepna.
Vitamine.
Sadjabana ti barang-barang noe geus ditataan di loehoer bieu, aja deui saroepa barang anoe katjida pĕrloena pĕikoen badan manoesa nja eta vitamine.
Hal ieu teh mimiti mah hĕnteu kanjahoan koe djĕlĕma, ngan lila-lila nja katiten oge; ari djalanna kĕieu: Djaman baheula watoe djalma-djalma balajarna masih marake parahoe lajar (kapal lajar), rĕmĕn pisan kadjadiaan aja kapal anoe moelan-malen ngantjlang di tĕngah laoetan. Sakĕlina eta kapal angkeleung-angkeleung di tĕngah laoet, noe taroĕmpak boh kalasi boh panoempang, tara ngadalahar lalab-roemah atawa boeboeahan, lantaran sapatoeĕn bĕkĕl, digĕna oge sesana lalab roemah djĕung boeboĕahan, tangtoe geus aradjoedna tina kaliĕaan teuing. Koe lantaran kitoe djalmaĕ eusi eta kapal tangtoe loba anoe garĕring. Djalma-djalma anoe katĕrap panjakit koe lantaran kitoe, kĕadjaan badanna sok saroea; mimiti mah maranehna sok ngarasaĕun leuleus loengse sapĕrti noe dipopoel bajoe, lila-lila badanna djadi koeroe djĕung beungeutana djadi sĕpa; teu mangkoek sakoemaha.