lilana, goegoesina sok barareuh djeung sok kalaloearan gětih, hoentoena djadi oenggĕr, letahna djeung biwirna djadi karanděi djeung kaian-kalan sok sariawan, bidjil gětih tina iroengna.
Lamoen kakoeranganana lalab-roemoah djeung boeboeahan tea tĕroes teu kagilir-gilir, noe garĕring lantaran kitoe teh bisa oge narěpi kana patina.
Kasakit anoe saroepa kitoe disěboetna scheurbuik (sariawan peudjit). Ti djaman baheula pisan keneh oge oebarna ieu panjakit teh geus kanjahoan, nja eta koedoe dalahar lalab-roembah djeung boebocahan anoe salěgĕr keneh.
Koe lantaran geus kanjahoan kitoe, noe palintĕr, ahli oebaroebaran, pada narětěpkeun jen dina lalab-roembah djeung boebocahan teh aja saroepa barang anoe bisa njageurkeun panjakit sariawan peudjit tea, ngan bae eta barang teh bisa leungit oepama lalab-roembah djeung boeboeahan tea digodog koe tjai ngagolak noe panasna leuwih ti 100° C atawa lamoen disimpěn lila-lila dina blek atawa gotji djst. Eta barang koe ahli-ahli oebar-oebaran tea disarēboetna vitamine C.
Děmi sajoeran atawa boeboeahan anoe loba ngandoengna vitamine C teh nja eta: toge (katjambah), ĕngkol, wortěl, djěroek mipis, djĕroek Bali, djĕroek amis, tomat (kĕmir, bangsa terong).
Di Hindia beunang disěboetkeun teu aja panjakit sariawan peupeudjit teh, lantaan poelo-poelona pagegeje henteu sakoemaha djaraoehna, djadi djalma-djalma anoe lalajaran di Hindia moal kakoerangan koe lalab roembah atawa koe boeboeahan anoe balagor. Djaba ti eta di tengah laoet, oerang bisa njieun katjam- bah katoeroeg-toeroeg katjambah anoe sěgěr keneh teh kapan ngandoeng vitamine Canoe bisa noelak sariawan peudjit tea.
Biri-biri.
Sadjabana ti sariawan peudjit teh aja deui panjakit sedjen anoe lantaranana katĕrap koe sabab kakoerangan vitamine, nja eta anoe sok disarĕboet biri-biri tea.
Di oerang oge geus teu aja noe bireuk kana ieu panjakit. Biasana noe katĕrap koe eta panjakit amběkanana sok pondok, soekoena laleuleus djeung bareuh sarta oepama dipěntjet sok ngadělěwo tara gantjang ngamboel deui.
Ari sababna noe matak eta djalma katĕrap koe biri-biri, lantaran dina badanna kakaerangan vitamine B. Ieu panjakit bisa