Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/248

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

leungit koe maneh lamoen noe gĕring tea ngabiasakeun ngadahar katjang heajo, lantaran dina katjang heujo teh loba vitamine B-an.

 Kadaharan sedjen noe loba vitamine B na, nja eta: katjang soeoek, katjang kaděle, peuteuj, katjang beureum, Koenjit, daging, dengueng, hate, endog hajam djeung ĕndog měri, nja kitoe aeui beas, noe aja keneh koeloemoed-perakan (zilvervies). Děmi roepana koeloemoed-perak noe aja aina beas, teu beaa djeung roepa beasna, tégěsna dina peas vodas, koeloemoed-perakna oge bodas, nja kitoe deui dina beas beureum koeloemoed-perakna oga beureum deui.

 Beas giling anoe katjida bodasna, geus teu aja koeloemoed perakan, nartina geus teu ngandoeng vitamine B deui. Djaai saenjana katjiua matak hanujakana teh, aoemeh kalolobaanana, ajelema sok mikaresep kana beas ginng anoe geus teu aja vitamine B-an, doemeh tjeuk pikiranana nja beas kitoe beas noe nomer hidji ten (noe panghauena); padanal saĕnjana beas noe geus teu aja vitamine B na ten, beunang disěboetkeun teu sakoemana goenana deui pikeun badan man.

 Pikeun kapĕrloean badan beas toetoe leuwih hade manan beas giling, lantaran ari beas toetoe man henteu něpi ka beakna pisan vitamine B na teh.

 Koeloemoed perak anoe aja dina beas bisa leungit koe sorangan lamoen eta beas teh disimpen lila, tapi lamoen anoe disimpenna teh parena, nadjan něpi ka mangratoes-ratoes tahoen oge tjeuk wiwilanganana, koeloemoed perakna tea tětěp ajana, moal leungit teu karoehan.

 Lamoen eta pare teh digiling atawa ditoetoe vitamine B na biasana ragrag tjampoer ajeung bakatoel; koe lantaran kitoe bakatoel teh katjida gědena goenana pikeun noelak biri-biri.

 Bisi tatjan aja noe tĕrang, pĕrloe oge ditĕrangkeun di dieu, jen vitamine B noe aja dina beas teh bisa ngoerangan koe katjida teuing ngagesohna waktoe eukeur diisikan, ari palidna waktoe tjibeasna dipitjeun. Nja kitoe deui waktoe beas keur diseupankeun vitamina B na bisa ngoerangan, malah dina waktoe ngarih pisan lamoen tjai panas noe dipake ninjoeh tea loba teuing, eta oge matak ngoerangan deui kana lobana vitamine B noe aja dina beas teh. Nja kitoe deui oepamana,eta beas teh diliwět vitaminena bisa ngoerangan. lamoen tjitadjenna loba noe dipi-

- 195 -