tjeunan, sabab sabagian gĕde tina vitaminena tjampoer baoer galo djadi hidji djeung tjai tadjen.
Koe katĕrangan-katĕrangan anoe geus ditĕrangkeun di loehoer, oerang bisa njaho naon sababna noe matak djalma sok keulat koe biri-biri.
Djalma-djalma anoe tjoekoep djeung lengkep barang daharna, oepamana dina waktoe dahar sangoe sok djeung daging, endog, lalab roembah djeung boeboeahan, henteu gampang katĕrapna koe biri-biri, teu tjara djalma anoe salilana ngan sok dahar sangoe djeung laoek asin atawa djeung lalab-roemah saeutik-eutikeun bae djeung tara ditjampoeran koe katjang soeoek atawa katjang kaděle, katjida gampangna katĕrapna koe eta panjakit teh. Komo ari moenggoehing pikeun djalma anoe koerang pakeunna mah anoe biasana sok ngadahar djarangking (gaplek) atawa sangoe beas Siĕm atawa Segon, katĕrapna koe biri-biri teh leuwih gampang batan noe sedjen, lantaran beas Siĕm atawa beas Segon mah digilingna teh něpi ka asakna pisan datang ka vitamine B na oge beak sama sakali. Noeroetkeun pamariksaan noe palintĕr, ahli-ahli tina hal oebar-oebaran, sěpat asin djeung gaboes asin teh teu aja vitamine B na, tapi biasana eta doea roepa laoek sok dipake deungeun sangoe sapopoë.
Pikeun ngadjaga sangkan oerang oelah katĕrap koe biri-biri, pangpangna pisan koedoe daek ngabiasakeun dahar beas woeloeh (beas noe loba keneh koeloemoed perakna). Lamoen kapaksa oerang koedoe ngadahar sangoe beas Siĕm atawa Segon, kade poho noe didjieun deungeunna teh koedoe: daging, endog, katjang hedjo djeung katjang-katjang noe sedjen satjoekoepna.
Lamoen teu kawĕrat ngajakeun deungeun sangoe noe marahal hargana, leuwih hade ngadahar sangoe woeloeh tea bae deungeun. na bangsa katjang masing loba, ontjom djeung tempe; saminggoe doea kali koedoe ngadahar boeboer atawa pais bakatcel. Beas diisikanana oelah katjida teuing dikesohna. Tjai panjeupanan anoe tinggal dina seeng saĕnggeusna sangoe asak, koedoe dipake ngangeun, nja kitoe deui tjitadjen sabisa-bisa mah oelah dipitjeunan, anggoersi djieun naon bae sangkan kadahar.
Nja kitoe deui poma oelah rek ngadahar boeboeahan anoe aratah keneh, bisi njĕri beuteung.
Ieu berendelanana paměnúak Prof. Dr. Jansen djeung Dr. Donath tina hal lobana barang-barang noe pĕrloe pikeun badan
noe araja dina roepa-roepa kadaharan: