MANGLE
GEDE HAMPOERA.
Karangan M. A. Salmoen; Ass. P. T. T. Rangkasbitoeng.
tara soenakan ngahampoera
dieng tapak kasatiaanana
Dangdanggoela.
Dajeuh Bogor lebah Tjiwaringin, gěgěk rame rěsik matak bětah, rea semah anoe ngĕndon, ngadon běbětah matoeh, noe ti Bantěn ti Soekaboemi, Karawang Poerwakarta, di dinja ngaroempoel, ngaloembara boeboeara, malah rea noe asa djadi priboemi, tina geus kalilaan.
Raden Barna hidji Adjoen Komis, midamělna di kantor L. N. H. geus rada lila di Bogor, asalna oerang Garoet. boemen-boemen di Tjiwaringin, ngan kadoea garwana, Trěsnasih noe loetjoe, hidji istri noe satia, koemawoela tjĕngĕng mantĕng ka salaki, goemati tara baha.
Patěpangna Barna djeung Trěsnasih, lain anjar ti alam sakola, pada di H. I. S. keneh, malah batoer salĕmboer. toerta masih kapěrnah wargi, ngan geus laer meueusan, dieung pangna ngadahoep, lain pangremo pamaksa, tapi pada karěp pangadjakna ati, toer sěpoeh pada doa.
Asalna mah batoer ti leuleutik. lila-lila geus pada balegna, ieu bogoh itoe bogoh, sanggeus kawinna loeloes. lajeut roekět doeriat moehit, pada bangět geugeutna, Trěsnasih noe toehoe, bogoh dieung tiintana ĕnja, ka salaki goemoesti tĕroes djeung ati, niat sědja oemela.
Raden Barna bangět heman asih, ningal garwa noe bela satia, bisa ngangeunahkeun hate, sasat djadi panglipoer, anoe djadi
- 199 -