Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/255

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pamepes roengsing, noe poerah ngaběbĕrah, dimana keur bingoeng, djadi koe lantaran eta, imah-imah salilana moeloes rapih, taja tjawadeunana.

 Pěrtjajana Trěsnasih noe geulis, ka tjaroge lepas teu kapalang, tina henteu goreng hate, tara ngandoeng timboeroe, tjarogena nia kitoe deui, pada silih pĕrtjaja, anoe matak loeloes, sakarěp djeung sapikiran, di imah teh sawarganing laki-rabi, pinoeh koe kasĕnangan.

 Di Bogor mah oepama pělěsir, biasana sok ka Kěbon-Radja, atawa „Gědong Boelao". Raden Barna nja kitoe, poë minggoe sakapeung oelin, tamba kěsěl di imah, nja osok ngalantoeng, moen parĕng teu aja rentjang, sok njalira angkat koeloentang-koelinting, ngalantoeng senang-senang.

 Hidji mangsa Den Barna pělěsir, poë Ahad keur hade isoekna, angkatna njalira bae, Tresnasih mah dikantoen, teu kĕrsaeun diadjak oelin, Raden ka Kěbon-Radia, senang loentang-lantoeng, di palěbah, kěbon pandan, rada djěmpling ngahoedangkeun nineung pikir, Barna alon angkatna.

 Dasar djalma osok owah gingsir, tara loepoet ti gogoda doenja, Barna ge nia kitoe keneh, barang keur loentang-lantoeng. gok paamprok djeung doea istri. tarĕgĕp ginding midang. pasĕmon laloetjoe, legeg lir menak Priangan, barang ningal Raden soemeredet pikir, pĕrbawaning gogoda.

 Teu poepoegoeh bět ngalĕnjan pikir, barang ningal anoe djangkoeng lendjang, Raden teh bět djoldjol bogoh, ka istri anoe diangkoeng. koe kĕntjěngna pangadjak iblis, Raden lali ka garwa, kĕbat noe ditiatoer, oerang gantiangkeun tjarita, Raden Barna geus wawoeh djeung Neng Soearni, istri noe djangkoeng tea.

 Neng Soearni tilas garwa mantri, koe rakana tjan lawas dipirak. tina kabedjakeun awon, gadoeh lampah salingkoeh, dieung ĕnjana Eneng Soearni, koerang hade lampahna, anoe matak kitoe, tina koerang pangadjaran, tambah² boga rasa roepa geulis, djeung rěsěp pělěsiran.

- 202 -