Asmarandana.
Reden Barna djeung Soearni, beuki lila beuki loma, ieu bogoh itoe daek, Barna geus teu nolih garwa, kagoda karantjana, ka garwa djadi salingkoeh, sok ekol rea akalna.
Tara-tara ti sasari, bět djadi rěsěp amĕngan. sok pělěsir saban sore, ngalantoeng ka Panaragan, ngahelaran noe lědjang, ka garwa mah sok dadakoe, diadjar ngeset biola.
Trěsnasih noe soetji ati, henteu pisan goreng sangka, ka raka pĕrtjantěn bae, dioembar sabiasana, amĕng tara ditjěgah, moen soemping tara měrĕngoet, roman salawasna hegar.
Barna noe sěděng kabeulit, toer taja anoe ngahoelag. lampahna tambah ngadolos, ngambang di sagara tjinta, kakeaeum laoet brangta, noeroetkeun pangadjak napsoe, lali ka těmah-wadina.
Geus badami djeung Soearni, moal lila deui nikah, tapi Raden bangět kagok, doemeh halangan koe garwa. teu wĕrat ngawajoeh mah, manahna koesoet baringoeng, děkal-děkoel njiar akal.
Pinasti dieung titis-toelis. koelak-tjanggeum bagdja awak, dododja Goesti Jang Manon, Těrěsnasih karandapan, istri noe bĕrsih manah, tinakdir bobor rahajoe, sok aja bae djalanna.
Hidji poë Neng Trěsnasih, oendjoekan ka tjarogena, ĕngkang abdi ngoeping wartos, ti mang Hadji Amirhamdiah. tadi těpang di pasar, saoerna mama di Garoet, danget ieu henteu damang.
Nanging asa aneh teuing, doegi ka taja sĕratna, barang keur njaoer kitoe teh, djěhoel aja pasoeratan, mawa soerat ti rama, koe Raden diaos toeloej, sanggeus tamat sasaoeran.
Tah Enden soeratna geuning, běněr mama teh teu damang. sĕratna toeloei dians niata sasaoer rakana, rama Enden teu damang, Trěsnasih kědah ka Garoet, pok njaoer ka tjarogena.
Na koemaha atoch abdi. oepami ĕngkang widi mah, hojong indit ending bae. Raden Barna ngawalonan, bari boengah manahna, eukeur mah hojong ngadjoeroeng, aja djalan komo meuntas.
- 203 -