Poegoeh bae ĕngkang idin, hade isoek bae miang, kareta noe soeboeh bae, ngarah datang poë eta, Ënden heula sorangan, êngkang mah pandeuri njoesoel, da koedoe permisi heula.
Sanggeusna asak badami, Trĕsnasih sasadiaan, djaba meuli ,,oleh-oleh”, ngintoen rama djeung mertoea, teu lila geus sadia, isoek-isoek ngan kari djoeng, Ěnden teu poegoeh raosna.
Manah palaoer sarĕdih, hate ratoeg sĕsĕblakan, kawas kila-kila goreng, ka raka tambah beuratna, kaberean kalelar, sasari ge lamoen ngantoen, tara kitoe kĕrĕtĕgna.
Soeboeh-soeboeh Ěnden indit, didjadjapkeun koe rakana, ngan nepi ka setatsion, Ěnden geus toenggang kareta, moelih deui Barna mah, kareta madjoe ka kidoel ninggalkeun Bogor noe hegar.
Sadjoengna Trĕsnasih indit, Barna moelih ka boemina, maksad Raden moal ngantor, bade pĕrlop saminggoe mah, manah Raden harita, aja atoh aja bingoeng, atohna tĕbih ti garwa.
Maksad asa tereh hasil, ngawin oerang Panaragan,, Soeami noe lendjang koneng, da sarat mah henteu koerang, doeit ge di sĕparbang, hĕnteu koerang tiloe ratoes, tjoekoep keur pake kawin mah.
Bingoengna patjampoer sedih, doemeh kedah mirak garwa, toer garwa soekaeun keneh, ari ras kana belana, goemoesti soemoedjoedna, Barna doegi ka ngaheroek, sabil mamanahanana.
Tapi pangadjakna iblis, ngaraksoek ngaroeksak djalma, garwa anoe satia teh, lĕs leungit tina manahna, Soeami noe katjipta, katingalna asa oenggoel, batan Trĕsnasih noe sabar.
Raden manahna geus gilig, iklas bade pipisahan, ngantos opatIima poë, rek njoesoel koe soerat talak, teu ras kana njerina, bawaning manah keur koesoet karatjoen rantjana tjinta.
Meungpeung keur soewoeng di boemi, ěngke mah ari geus moelang, hese ngadjoeroeng indit teh, tina taja keur ekolna,
— 204—