Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/258

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

djadi moal koemaha, kĕntjengna pangadjak napsoe, mawa kana djalan salah.

Sinom

 Lima poë kagenĕpna, Trĕsnasih kĕrsana moelih, keur pamitan ka ramana, harita geus rada mĕnding, geus madjĕng sehat deui, Trĕsnasih katiloe iboe, tjatjarios di kamar, jen enjingna bade moelih, tina asa kalamian nilar raka.

 Djeung raka taja sĕratna, padahal djangdji keur tadi, bade pandeuri dongkapna, Ěnden hĕnteu raos galih, manah ka Bogor meulit, sok sieun tjaroge oedoer, atawa katiwasan, sanggeusna Trĕsnasih pamit, tatan-tatan keur baris tjandakeun moelang.

 Njandak kasĕdĕp rakana, djĕroek paseh noe aramis, kĕsĕmĕk anoe arasak, alpoekĕt nja kitoe deui, djeung rea-rea deui, sakoer boeboeahan Garoet, katjarita isoekna, sadjoengeun pisan rek indit geus ka latar ari djĕboel aja soerat.

 Sidik soerat ti rakana, ngarandag heula Trĕsnasih, njĕlang heula maos sĕrat, geus tamat Ĕnden ngadjĕrit, mani meh hénteu eling, dina taneuh ngaloempoeroek, diboro koe iboena. Ĕnden dipajang ka boemi, noe araja goegoep djeung panaha-naha.

 Piiboean piramaan, sakoer noe aja di boemi, pada goegoep pada reuwas, ngagoegoeloeng ka Trĕsnasih. sĕratna anoe tadi, di aos koe hidji sĕpoeh, sihoreng soerat talak, barang sadaja geus ngoeping, tingaradoeh tina teu aja noe njangka.

 Ĕnden pada ngaroepahan, koe sadaja para wargi, anoe karooempoel di dinja, ngalĕlemoe anoe nangis, Ĕnden teu lirih-lirih, nangisna moenggah sesegroek, koe tina kanjĕrian, hate peurih lir digerih, koemalajang teu paroegoeh rarasaan.

 Asa poëk boemi alam, asa toengkĕb boemi langit, toer hĕnteu roemasa dosa, noe matak raheut salaki, wĕleh henteu kaharti, anoe matak Raden kitoe., Trĕsnasih samar rasa, kieu lain kitoe . lain, nangis njoeoeh dioesapan koe iboena.

— 205—