Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/259

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Naha abdi naon dosa, bĕt kabina-bina teuing, teu aja pisan rasrasan, bade Inirak mah ka abdi, matak naon badami, engkang ngaléüjokeun woengkoel, miwarangan ti heula, madjar rek njoesoel pangeuri, mana horeng moeng woengkoel ngaran paanggang.

Na' koemaha ari bagdja, mana kieu-kieu teuing, awak nandangan toenggara, ja Ailoh doeli adoeh Goesti, teu kiat diri abdi,bět dipěgat teu poepoegoeh, kawas noe géae dosa, naon kaiĕpatan abdi, lamoen lèpat na atoeii teu dibedjaan.

Moen abdi njata lěpat mail, sageuj raos-raos tjitjing, sakirangna oge tobat, langtos njoenoenKoun aksami, dina pangraos abdi, asa teu kirang satuehoe, hènteu pegat satia, tansan moentang siang-wangi, ka pangërsa abdi tacjan njorang baha.

Tjarek wiwilanganana, mani tibeubeut tibanting, ka engkang abdi boemela, moen kirang keneh katampi, naha nënteu ti taui, ĕngkang waleh noe saestoe, ieu mah ajaian kasar, ingkar i lakoe oetami, siga pisan ĕngkang teh kirang emoetan.

Oepami koe bosĕn tea, bet asa ngadadak teuing, da moen ningal pasĕmon mah, engkang bangoen aeuaeuh asm, teu atjan .pisan abdi, ti engkang kenging bebéndoe, ari ieu bét nana, teu pasea teu pasini, teu dikinten bakai dongkap serat talak.

Midjil

Neng Trěsnasih nangis bangoen njĕri, salira rampohpoj, karaosna salira laloengse, manah peurih kawas digerih, moeroeboet tjitangis, ka iboe njaloeoeh.

Sok paingan kerĕtĕgna ati, njeredet sosmedot, pantes lamoen kila-kila goreng, anoe ningal ngariring sĕdih, iboena mah nangis, ramana ge mĕsoem.

Doemareuda iboena ngalahir, geus takdir Jang Manon, meugeus bae Eulis geura repeh, Eulis oelah rek leutik ati, da geus titistoelis, mapan saoer sĕpoeh.

Djodo tea saroea djeung pati, oerang mah teu njaho, kana

djodo noe pandjang-pondok teh, saoepama nĕpi ka djangdji, aja bae geuning, pidjalaneun poetoes.

— 206 —