Kawas Njai teu koerang goemoesti, dasar pondok djodo, lan taran teh aja-aja bae, sidik kawas ëngkangna geuning, keuna owah gingsii nalak teu poepoegoeh.
Njerina mah koe iboe kaharti, leuwih ti nanaon, nadjan kitoe oerang pasrah bae, da oerang teh pangawak istri, tjarek toekang sindir, dipitjeun dipoeloeng.
Ajeuna mah sing tawekal Njai, masih aja kolot, iboe-rama noe rek ngadjaring teh, Eulis koedoe sing léga pikir, meugeus oelah nagis, hate oelah bingoeng.
Rama Ènden noe kakara měnding, ti kamar norodjol, maksa nikreuh teu kiat-kiat ge, di gigireun poetrana tjalik, njombo noe keur nangis, amběkan roemahoeh.
Sabar Njai ieuh sabar Njai, aja keneh kolot, moal soesah Njai dahar make, nadjan henteu boga salaki, oelah leutik ati, mama masih tjoekoep.
. Roepa-roepa noe njombo Trěsnasih, sangkan rada longsong, geus biasa lamoen bedja goreng, nĕrĕkabna gantjang teh teuing, oge hal Tresnasih, ti soengoet ka soengoet.
Mertoeana boemina teu tebih, di Paminggir koelon, moen ka Sindang-heula boemi Ènden, ngan ngaliwat pertgkolan hidji, geus ngadangoe warti, teu talangke moeroe.
Barang soemping njampak noe narangis, lir aja noe maot, hariweusweus ngaboedjêng ka Ènden, djeung garwana oge pandeuri, njombo noe keur nangis, bari bangoen ewoeh.
Wantoe-wantoe ka besan teh wargi, henteu koengsi tjektjok, harita ge badami djeung sareh, malah djangdji bade naloengtik, tina ngiring watir, naringali mantoe.
Bangět lingsěm wirang liwat saking, koe margi noe nongton,
ka poetrana gĕgĕlĕndĕng bae, naha Barna sok teu kaharti, kawas noe teu eling, na’ koe naon kitoe.
— 207 —