Kinanti
Barang geus liwat saminggoe, ti waktoe Trěsnasih indit, Raden Barna toeloej nikah, ka noe geulis Neng Soearni, boengan mamanahanana, laksana sakarěp ati.
Ka Trěsnasih lat teu emoet, manah meulit ka Soearni, papanganten soeka-soeka, meh saban sore pĕiĕsir, ka Kialto ningal gambar, sělang-selang toenggang mobil.
Tara towong saban minggoe, sok soekan-soekan pělěsir, sakapeung ngiuéran kota, sakapeung améng ka sisi, tjoerak-tjoerak njanuak rentjang, noe anii résép pělésir.
Di boemi meh tara soewoeng, koe tatamoe noe saroeping. saban poë bae aja, anoe bade njampeur oelin, dasar watéк geureuhana, istri noe rěsěp pělěsir.
Koe Barna henteu diemoet, hesena neangan doeit, tina kagělo koe garwa, bisa ngalap-ngalap ati, ngabengbat kana amèngan, ari ka garwa koe asih.
Sakahojongna ditoeroet, koe tina kabeuli ati, bisa ngalělěmoe raka, Rauen Barna noe kabeulit, lali ka těmah wadina, tina katoengkoel koe asih.
Babasan sanadjan goenoeng, lamoen dihantěm dikali, lila-lila tangtoe rata, Den Barna nja kitoe deui, barang geus rada lila mah, ngarasa boetoeh koe doeit.
Noe saoemor tara ngandjoek, harita mah resep „mindring”, nohonan kanojong garwa, djaba Soearni pribadi, sok salingkoeh andjoek-hoetang, hoetang samping hoetang ĕntjit.
Hoetang waroeng patoetoempoek, da rojalna liwat saking, sok rěsěp toeang blek-blekan, mangkaning tara saeutik, djaba keur njoegoehan semah, ari pangala ngan gadjih.
Toetoep boelan sok mělĕngoek, tanggal hidji sĕring poesing, tanggal doea hoemandeuar, tanggal tioe ngindjeum deui, tanggal opat majar Arab, isoek mah ngahoetang deui.