Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/266

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Hoetang doeit ka Seh Makmoer, djoemblah doea ratoes leuwih, geus lila hènteu kabajar, atoeh Seh Makmoer teh poesing, malah népi ka ngabèslah, atoeh Barna teh boerindil.

Goelak-gilěk kari toeoer, tapi ari Neng Soearni, teu ras ka kasesah raka, kaiiojongna sabinari, dasar loembrahna manoesa, oepama koerang pangarti.

Boedina ge koerang aloes, hatena nja komo deui, Soeami nja kitoe pisan, dasar bakatna ti kadim, goreng lampah teu satia, koerang pangarti djeung boedi.

Bareto bangoen soemoedjoed, ajeuna mah lain deui, sok baeud djeung teu kaopan, lamoen saoetak-saeutik, basana teh menta talak, lila ge woengkoel ririwit.

Gadjih ge da henteu tjoekoep, pakean geus ngaligintjing, di imah geus goembloeng-gamblang, hènteu medja hènteu korsi, hènteu randjang-randjang atjan, dibèslah mani boerindil.

Poetjoeng

Raden Barna ningal garwana sakitoe, djeung ngoeping saoerna, manah panas mani njèdet, ngan dikandoeng sarta bangét nalangsana.

Manah Raden bingoeng koe doea koe tiloe, koe garwa djeung hoetang, katambah-tambah di kantor, ajeuna mah Raden sèring diseukseukan.

Koe lantaran didamĕlna djadi moendoer, djeung rea salahna, roepa-roepa noe teu beres, toeroeg-toeroeg ngantorna sok sěring ělat.

Pang sakitoe pěrbawaning manah bingoeng, sarta lila-lila, didamëlna tambah kotor, anoe djadi doenoengan bangět keuheulna.

Beuki lila beuki tambah teu paroegoeh, malah toengtoengna

mah, Barna teh dilěpas erpol, djadi tambah Raden Barna toenggarana.

— 211 —