Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/267

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ari dahar oenggal poë oge koedoe, doeitna ti mana, ari rek balik ka kolot, teu kadoega rea noe djadi kaera.

Kabingoengna Rahaden Barna sakitoe, kawas koerang poeas, sabab aja-aja bae, Neng Soearni bobogohan djeung Soedjaja.

Bangět sědih nalangsa kaliwat langkoeng, ragragan tjisotja, hoelang-hoelĕng nanggeuj gado, ramboet koesoet balas sĕring didjĕnggoetan.

Ngemoet-ngemoet rek nekad moelih ka Garoet, era ge wajahna, arek njalindoeng ka kolot, di Bogor ge da woengkoel meunang sangsara.

Mamanahan Raden Barna moendoer-madjoe, aja bade moelang, aja bade tětěp bae, pangërana di Garoet koe popotongan.

Emoet kana taladjakna noe kapoengkoer, mirak loeloeasan, geus tangtoe njĕrieun hate, ari ieu kawas aja wawalěsna.

Ka Soearni meunang kawin goeroenggoesoeh, ari baloekarna, kadjaba ti njĕri hate, banda beak digawe oge dilěpas.

Nja ajeuna koe Raden Barna kaemoet, kabelaanana, Ěnden Trěsnasih bareto, keur bela teh tjintana těroes djeung manah.

Sinom

Geus teu kiat koe toenggara, Raden mani koeroe aking, bawaning koerang pangrawat, koe lantaran Neng Soearni, ka Raden ĕnggeus lali, madjar tjinta ge kapoengkoer, keur Raden masih gandang, djěněng pangkat rea doeit, ajeuna mah geus roedin teu mirosea.

Tambah lampahna midoea, Raden tambah njĕri ati, toengtoengna nja pipisahan, Barna bangět nandang sědih, kĕrsana bade moelih, moro sěpoehna di Garoet, era oge wajahna, tina taja djalan deui, da ngilari padamělan ge teu aja.

Malikan noe ditjarita, kotjapkeun deui Trěsnasih, sanggeus nampa soerat talak, bangĕt ngarasa prihatin, sapopoë ngan sědih,

― 212 ―