teu ngareunah dioek-nangtoeng, ari ras koe doeriat, keur meudjeuhna tjinta asih, ari ieu kapaksa koedoe papisah.
Komo barang meunang bedja, jen Raden Barna teh kawin, Trěsnasih meh kapioehan, pikir njĕri tambah peurih, hate asa disěbit, ngan hadena rama-iboe, hěnteu pětot ngoepahan, koe saoer noe leuleus manis, sangkan poetra lipcer pipikiranana.
Nja aja oge tapakna, lila-lila mah Trěsnasih, pikirna teh rada lědjar, teu pati sarĕdih teuing, radjeun oge kaseuit, tapi geuwat dililipoer, malah lila-lila mah, meh leungit sama sakali, pasrah lilah soemĕrah sabar tawěkal.
Kotjap deui Raden Barna, ka Garoet parantos moelih, tobat ka iboe ka rama, soedjoed njoehoenkeun aksami, doemeh Raden keur tadi, sasat ngawiwirang sěpoeh, iboena djeung ramana, ningali poetrana nangis, hawatoseun ladjĕng poetra dihampoera.
Katjaritakeun isoekna, Raden angkat ti Paminggir, amĕngan ka Sindangheula, ka boemína Neng Trěsnasih, isin mah liwat saking. tapi bangět hojong těpoeng, arek menta hampoera, ka sampak Enden di boemi, keur ngarioeng tiloean djeung iboe-rama.
Barang gok pada rareuwas, soemawonna Neng Trěsnasih, mani olohok kasima, barangna Raden geus tjalik, toengkoel sěmoe noe isin, sadjongdjongan mah mělĕngoek, bingoeng teu manggih kĕtjap, boeboehan sěpoeh noe scerti, pok tataros bangoen anoe sono pisan.
Ngawangkong malapah gědang, sanggeus sawatara lami, Raden njaoer tjoemalimba, tjipanon njangkroeng baridjil, bangoen noe bangět sědih, sila mando bari toengkoel, noe mawi abdi dongkap, soemědja něda aksami, tina abdi roemaos jen agĕng dosa.
Moegi oelah kirang-kirang, ngahapoentěn ka sim abdi, reudjeung sadjaba ti eta, Raden rea-rea deui, saoerna bari nangis, Trěsnasih rama djeung iboe, anoe kapoengkoer panas, barang ningal Raden nangis, timboel wělas dasar noe laer aisan.