Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/269

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Diemoet jen geus djamakna, manoesa teh sipat laip. hĕnteu loepoet ti gogoda, Den Barna mah komo deui, wantoening rea istri, anoe koe Raden kadoejoeng, djadi rea panggoda, nadjan tadina teu nolih, lila-lila Raden roeboeh koe rantjana.

Dasar noe gede hampoera, Trěsnasih noe soetji ati, babasan landoeng kandoengan, tambah emoet jen djeung wargi, tjek kolot mah pamali, lamoen ka baraja njatroe, sanadjan popotongan, tapi baraja teu leungit, tětěp hade teu njoengkělit mamanahan.

Meh saboelan ti harita, sanggeus těpoeng djeung Trěsnasih, Brana kasoeat doeriat, tjintana kahoedang deui, katingalna Trěsnasih, tambah geulis tambah loetjoe, ari ras koe belana, soemoedjoedna ka salaki, Raden Barna rek njoba-njoba malikan.

Oenggal poë lalamoenan, aringgis sieun ditampik kapokeun koe noe katoekang, djeung deui asa arisin, doemeh Raden keur tadi, mirak loeloeasan roesoeh, katambah ajeuna mah. Raden roemaos geus miskin, doemeh Raden teu kagoengan padamělan.

Asmarandana.

Barang dina hidji wantji, Raden Barna nampi sĕrat, walonan rěkes bareto, ti kontrak ĕnteh di Negla, jen Raden teh katampa, digadjih dalapan poeloeh, itoeng-itoeng pĕrtjobaan.

Raden bangět soeka ati, iboe-rama ngiring soeka, tjarita gantjangkeun bae, Barna geus angkat ka Negla, ngaboedjĕng padamělan, di kontrak kidoeleun Garoet, nilarkeun kaabot manah.

Raden midaměl di pabrik, kenging pangkat djoeroesĕrat, didamělna apik gětol, toer kamanah koe doenoengan, Raden kenging poedjian, gadjih ditambah sapoeloeh, teu kira-kira boengahna.

Salira geus poelih deui, oeroet běgang iga ragas, ajeuna mah djadi montok, Raden masih lalagasan, ajeuna aja niat, malikan anoe kapoengkoer, Trěsnasih rek ditanjaan.

Tapi moen djonghok mah isin, toeloej ditjoba koe soerat, djaba njoeratan ka Enden, Raden njĕrat ka sěpoehna, njarioskeun maksadna, gantjangna anoe ditjatoer, sĕrat koe Enden katampa.

― 214 ―