Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/270

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Trěsnasih noe hade ati, istri noe djěmbar hampoera. henteu aja basa kapok, teu ngemoetkeun kanjĕrian, dina emoetanana. kapoengkoer mah nja kapoengkoer, teu pĕrloe digoegat-goegat.

Toer Raden geus balik pikir, djangdji rek ngalěboer tapak, moal deui-deui serong, ari sepoeh djeung sěpoeh mah. noemoetkeun kĕrsa poetra, kěbat anoe dipitjatoer, Raden ka Enden geus nikah.

Nja nikah kadoea kali, toer pada saroea soeka. lain koe pangwoedjoek kolot, Barna ajeuna mah sěnang, tambah-tambah njaahna, leuwih-leuwih ti kapoengkoer, meuli-meulina ka garwa.

Ibarat noe dagang roegi, ari ieu poelang modal, djadi tambah soson-soson, ngoedag karoegianana, asoep kana babasan, roegi djadi djalan oentoeng, lantaran moekakeun akal.

Raden Barna djeung Trěsnasih, djadi tambah saloeloetna, loeloes-moeloes boemen-boemen, henteu aja koetjiwana, kanjĕrian baheula, koe kasĕnangan kalimpoed, moesna teu aja tapakna.

Noe aja sěnang djeung soegih, asoep kana paribasa, „samběl mědok bodjo denok”, matak rěsěp noe nendjona loeloes roentoet djeung garwa, sakitoe anoe ditjatoer, istri noe gĕde hampoera.




Lamoen awewe ngadjalankeun papantjen gelarna ka doenja, lalaki tangtoe ngalartieun, jen asih teh leuwih gede adjina manan kakawasaan.

― 214 ―